Kang Willy, baheula mah taun 80-90an, kuring oge sok
pipilueun milu maen degung, kabeneran di kantor aya
grupna, malahan kungsi milu pasanggiri jadi juara II
sa-JABOTABEK (kungsi nabeuh saron, jengglong, goong +
kendang). Kitu deui maen reog, sok diayakeun utamana
hiburan waktu panutupan "Pelatihan". Tapi ayeuna mah
bener geus poho, tara pisan, nu nyesa ngan ukur aya
gamelannana, jalmina tos parangsiun, tinggal kuring
sorangan. Nu ngora ? Duka, jigana teh salian teu aya
nu katarik ku seni Sunda,oge teu aya waktuna seep ku
padamelan.

Baktos
Jaka/Ebeng

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> Kang Agus Her kantos ngawartosan aya degung nu
> dinayagaan ku para 
> bule ti Australia, kitu deui dina KOMPAS
> ("pangulinana" kang AGus 
> Her) CD ieu oge diresensi. Panasaran milarian di
> Disc Tara, enya we 
> aya, boh CDna atawa kasetna. Pas dicobaan karasa
> "rada" aneh sorana 
> teh. Sok sieun teu ngeunaheun, meuli we kasetna nu
> rada murah. Di 
> setel di imah, geuning lumayan, ngan tetep we asa
> aya nu "kurang" 
> hanjakal teu bisa nerangkeun, da kuring lain ahli
> seni. Ditingali 
> nayagana, ampir sadayana urang Australia (grup
> gamelan Swara Naga NSW 
> Australia), iwal ti nu nyepeng kendang, Agus Roche.
> Sora kendang 
> ngadominasi pisan, maklum Agus Roche, memang
> "jawarana" dina kendang. 
> Jigana nu teu bisa diturutan ku urang bule, istrumen
> musik sunda teh, 
> kendang. Teu aneh, tong boro urang bule, dalah urang
> Jawa ge teu pati 
> bisaeun nurutuan kendang Sunda mah nu dinamis pisan.
> 
> Bilih baraya aya nu katarik (sanes promosi, da teu
> diburuhan), mangga 
> geura dangukeun lagu Bohong akh, ayun ambing, sorban
> 
> palid .......versi bule!
> 
> Kuring oge meuli CD degung "Sangkala" nu oge
> diresensi ku Kompas. Tah 
> lamun nu ieu, bener alus da nu ngamaenkeunana urang
> sunda sadayana. 
> Ampir unggal poe ku kuring disetel ..... 
> 
> Baktos,
> WALUYA
>  
> 
> 
> 
> 
> 
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
> --------------------~--> 
> Help save the life of a child.  Support St. Jude
> Children's Research Hospital's
> 'Thanks & Giving.'
>
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
>
--------------------------------------------------------------------~->
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>     [EMAIL PROTECTED]
> 
>  
> 
> 
> 
> 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke