Kang Yani,
He..he.. enya asa aya balad pas maca seratan kang Sobar teh.
Geuning pami bade ngarekuh mah gentos nami janten Obay hehe.
Kade ah ngarekuhna tong bedas teuing bilih totos sareng samak samakna
eta panginten nuju ngarekuhna emut ka peuting munggaran, janten bedas hehe
 
Rekuh diwewengkon abdi (SMD) panginten sok disebat rendos, ngarekuh = ngarendos
 
Bahan-bahan anu diperyogikeun kanggo ngadamel pencok mun teu lepat mah:
1. Kacang panjang ngora sacekapna
2. Uyah,tarasi, gula beureum, sacekapna
3. Cikur ( wajib pisan)
4. Bawang bodas ( teu pati wajib )
 
Murangkalih kapungkur sok ngadamel pencok/rujak kacang sok dina ruas awi
nganggo rorojeh minangka ulekanan tina dahan kai.
SR
 
From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Friday, April 29, 2005 9:00 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Pencok Kacang.........

> Kang SR aya skondanna spesialis heureuy bin banyol
> yeuh,
> baktos,

> mrachmatrawyani


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke