US di KUSnet..?
0. US jadi warawuh jeung US deui dimana mendi. eta penting pisan. sabab
silaturahmi jeung silatutug kaasup ibadah, cenah.

1. tos bisa nyieun yayasan perceka, nu katuana kuring, dipilih sabab
kuring harita jomblo. keur neangan saha nu daek jadi ketua, da kuring geus
teu jomblo deui ayeuna mah. dikarawinkeun ku baraya KUSnet akhir taun
2002. atawa sarat jadi ketuana ganti. nu daek, lain nu jomblo deui :p

2. yayasan eta -nu didanana ku kencleng KUSnet- geus bisa nyieun pabukons
di 15 tempat. kungsi mere beasiswa satauneun ka 40-an murid SD. parios di
web yp.urang-sunda.or.id.

sanaoz kenclenk nu rutin mung tiluan, ua Dj, kang Dhani Riau, ua Siddik
Seoul. sapalih kencleng patali jeung kaos.

2a. nyieun buku, poho tah, SBJS jeung 4S. kuduna ieu mayeng. ke heula,
pakepuk yeuh.

3. geus bisa nyieun web http://www.urang-sunda.or.id, nuhun ka kang Eko.
sok atuh areusian.

4. geus bisa papatungan nulungan baraya nu katalangsara, Program Paduli
Pangungsi Papandayan, Progam anyar keneh nu kang Dur ngiringan
nganteurkeun tanda kanyaah ka urang Cirebon tea. he love deui namina.

5. geus bisa oge mantuan nu keuna musibah TPA Leuwigajah.

6. nyieun kaos nu make basa sunda, make ngaran [email protected]
tea.

7. jeung saterusna.

US nu di darat
US nu icikibung di susundaan lolobana memang hirup hirup di dinya. kang
Ajip Rosidi, ti baheula sok nulis-mimitina basa nasional terus basa sunda.
gaduh penerbitan, pustaka jaya oge kiblat buku utama. kang Edi S Ekadjati
oge Ayatrohaedi, dosen antropologi, nu bisa jadi wewengkon garapanana
tatar sunda. seniman nya kitu deui, abah Nano S, mang Koko, hirup hirup di
dinya, sanajan bah Nano pah kungsi jadi PNS.

ceu Etty RS, pangarang sunda, pupuhu PPSS, sarjana sastra Sunda nu damel
di disbudpar jabar. patali keneh. Abah Surya (HR Hidayat Suryalaga, dosen
sastra sunda di unpad jeung unpas).

Mikihiro Moriyama susundaan, sabab eta widang elmu nu keur dipaluruhna. ku
neuleuman sunda, manehna meunang gelar Doktor ti Leiden.

urang mah teu patali langsung ku pacabakan. ngan ukur modal nyaah.
meureun.



mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke