Baraya,
Neda hapunten ka sadayana, jalaran aya kana samingguna si kuring heunteu ngalongok milist. Karana sakitu, nepi ka Bah Willy ngahajakeun nelepon ka rorompok dua peuting kaliwat (hatur nuhun Abah kana perhatosanana).
Teu aya sanes, mimitina mah sababaraha poe nyanghareupan liburan mieling maulid Nabi saw, poe juma'ah kaping 22 April 2005, aya rombongan ti milist wanita-muslimah (WM) anu ngahajakeun bade nganjang silaturahim ka sakola (smp) anu "rada aneh" jauh di pakampungan (Desa Pasawahan,
Kec.Banjarsari, Kab. Ciamis). Barang kareret eta informasi, hate ngahelas: na ari anu jararauh ti eta patempatan, rerencangan ti milist WM terangeun aya smp antik kalayan bade ngalongok bari angkaribung ku cacandakan (sakumaha keur dipadungdengkeun di milist WM), ari sorangan anu urang ciamis pituin teu engeuh aya kreativitas pamuda jeung barudak sakola di pasisian?". Nya lah-lahan si kuring minangsaraya ka anu bade silaturahim ti milist WM sangkan diajakan.
Prung bae pasini, malah dina waktuna anu ngabring ti Jakarta (aya tujuhan anggota milist WM anu cios angkat ka Ciamis) kalayan sindang heula di Bandung (geologi) keur "ngiwat" si kuring, kungsi ngarereb sapeuting di bumi pun biang di Kawali-Ciamis samemeh neruskeun lalampahan ka Desa Pasawahan-Banjarsari, Ciamis (nalika hal ieu didongengkeun ka Bah Wily dina tlpn, komentar anjeunna singket:" Hehehe, geuningan kalahka milist WM nya anu jadi nganjang banjarkarang pamidangan anjeun di Kawali-Ciamis teh?". "Teu nanaon abah, anu mana bae heula anu aya waktu",cekeng teh ngawalonan).
SMP di desa Pasawahan -Banjarsari disebut antik, sabab modelna model sakola alternatif. Antikna, sabab biasana sakola model kitu teh ayana di dayeuh kalawan modal sarana kawilang gede; bayarna mahal, guru-guruna dibayar mahal,pokona elite bae. Ari ieu, tong boroning fasilitas sakola anu lengkep, dalah rohangan kelas oge karek ngawangun (karek dadasar), sawatara ieu upama aranjeunna perlu rohangan kelas nya migunakeun bumi pa Wawan, salah saurang inohong di eta desa (lolobana mah diajar di alam terbuka); atuh guruna teu dibayar. Ngeunaan SMP antik ieu keu kahareup urang posting khusus, sugan pareng.
Ba'da mulang ti Ciamis, awak pasiksak, katambah internet anu biasa dipake sapopoe gering parna tepi ka teu bisa muka mailbox anu di yahoo-mah; anu di gmail ukur bisa narima teu bisa posting. Katambah deuih, urusan di darat geus ngadagoan cabakeun: anu menta tulung nyayogikeun bahan promosi sarana tatanen ciptaan salah saurang US tea (Hydrasil, MMacrosil jeung Glyfox, urang singket bae jadi HYDMACGLY) ka Vietnam oge rencana penyuluhan eta sarana pertanian ka Sulawesi Selatan. HYDMACGLY teh hormon, pupuk organik jeung herbisida anu kuring yakin mibanda onjoy ti produk sejen (umumna ti LN) di kelasna: irit kaperluanana, gawena hade jeung murah (+ bahanna ramah lingkungan).
Meunang samingguan mah teu bisa migunakeun internet keur posting ka milist, ayeuna Alhamdulillah, sadayana geus normal deui kalawan aya hibar beja anu mokaha pikabungaheun.
Kamari peuting aya tlpn ti panglayar anu ngiangkeun conto sarana pertanian tea ka Vietnam. Pangbagea masyarakat Vietnam kana produk US HYDMACGLY sae pisan, malah minggu hareup cenah anu ti pausahaan panglayar ti jkt teh rek ngahaja nepungan sepuh di padepokanana. Mun perlu meuting, nya meuting sangkan itu ieuna keur rarangkay ngirim barang tuntas sapuratina, saurna. Orokaya, sepuh teh geuningan rek ka Sulawesi selatan heula, rek ditepangkeun ka kabupaten-kabupaten di eta propinsi...nya kudu ngantri anu ti jkt teh (euh geuningan, naha rek dimimitian di Sulsel heula kitu ngababakan di lebak teh? duka atuh, asana heunteu kurang usaha ngawanohkeun sarana ningkatkeun hasil jeung kahirupan tatanen/patani di sarakan sorangan oge, ngan sigana malati can lingsir ku wanci, campaka can ligar ku mangsa). Keun bae, ti mana bae ngamimitianana mah, da tunggal sanusantara ieuh.
Hampura baraya, bisi ieu posting teh tinimbang ngebrehkeun usaha-usaha US anu giling gisik di milist, malah kalahka kaasup curhat :)
Baktos,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

