Rada mempar sakedik yeuh tina thread ieu, keun we nya. Baheula
basa keur di SD jeung SMP, dina buku Sajarah sok aya gambarna nu
disebut Gajahmada teh. Beungeutna buleud rada bepeng. Cenah mah
beungeut gajahmada jiga kitu teh kulantaran urang Trowulan
Mojokerto sering nimukeun gerabah kuno nu bentukna jiga kitu.
Trowulan dipercaya baheula teh ibukotana Majapahit. Kadieunakeun
aya nu nulis, eta gerabah teh lain bentuk beungeut Gajahmada,
tapi cengcelengan jaman baheula. Saha atuh nu boga pokal
nyebutkeun beungeut buleud jeung bepeng teh Gajah Mada? Ceuk beja
mah, eta teh Mohammad Yamin urang Minang anu nasionalis pisan.
Aya oge anu heureuy, maklum we da pameunteu Yamin teh rada-rada
mirip .....jeung cengcelengan jaman Majapahit ieu .....hehehehe.

Yamin, sang nasionalis tulen, anjeunnga oge nu ngagentos nami
Kepulauan Sunda Kecil jadi Kepulauan Nusa Tenggara!

Baktos,
WALUYA

> Maksud kuring teh relevansina. Biasana, jalma nu ngaranna dipake
> ngaran jalan/wangunan teh pan ditujukeun salaku pangeling-ngeling
> kana
> jasa jsb. Tah, anu nanyakeun naha di Tatar Sunda bet
> jarang/henteu
> kapanggih jalan nu dingaranan Gajahmada (misalna), nya sabab
> euweuh



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke