Kang Rachmat,
Mangga, kalintang bingahna. Mung aya catetan sakedik, ngeunaan proposal PATMO (pompa hidram) proposal na rada ageung, jalaran dilengkepan ku foto-foto. Si kuring nyobaan ngeureut-ngeureut eta proposal kintunkeuneun ka anu nyuhunkeun, teu acan tiasa kakintunkeun lengkep (nembe proposal utamana), teu aya sanes, rupina fasilitas internet di ktr si kuring masih aya sesa gering.
Kaduan, perkawis Hydrasil, si kuring parantos midamel bahan presentasi. Naha teu langkung sae urang nganjang bae langsung ka Cianjur? Mangga, kanggo eta rarangkay urang badamikeun paheut ngalangkungan japri atanapi telepon. Ngeunaan waktosna, teu langkung salira, ngan usul mah hoyong dinten saptu atanapi ahad atanapi dintenan libur. Hatur nuhun sateuacanna.
baktos,
manAR
On 5/3/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring oge kamari teh ngobrol sareng salah sawios
profesor anu ngagaduhan bumi di wewengkon Cikalong
Wetan Cianjur (Cirata).Anjeunna teh nuju ngabangun
masigit, kanggo masyarakat di eta tempat. Teras ayeuna
nuju usaha ngayakeun cai bersih. aya cinyusu, tapi
rada tebih ti pakampungan, aya kana 700 meterna. Teras
kuring teh nawisan pompa anu dicarioskeun ku Mama
Manar tea. Anjeunna nyaluyuan bade ngangge pompa eta.
Tapi kuring teu aya brosurna. Pa Profesor eta oge
hoyong uninga perkawis hidrasil kanggo pupuk tea.
Upami tiasa dikirim brosurna, langkung sae.
Kumargi kitu kuring nyungkeun bantosan Mama Manar,
perkawis pompa.
baktos,
mrachmatrawyani
--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Katambah
> deuih, urusan di darat
> geus ngadagoan cabakeun: anu menta tulung
> nyayogikeun bahan promosi sarana
> tatanen ciptaan salah saurang US tea (Hydrasil,
> MMacrosil jeung Glyfox,
> urang singket bae jadi HYDMACGLY) ka Vietnam oge
> rencana penyuluhan eta
> sarana pertanian ka Sulawesi Selatan. HYDMACGLY teh
> hormon, pupuk organik
> jeung herbisida anu kuring yakin mibanda onjoy ti
> produk sejen (umumna ti
> LN) di kelasna: irit kaperluanana, gawena hade jeung
> murah (+ bahanna ramah
> lingkungan).
> Baktos,
> manAR
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

