|
Tadi
peuting kadatangan ku barudak ngora salaki pamajikan, mere buku fotokopian
carita pantun Bogor anu judulna Dadap Malang Sisi Cimandiri, sanajan ngan ukur
fotokopi-na sim kuring kacida nganuhunkeunana, da enya neangan buku buku
pantu teh kacida hesena. Ieu
buku teh diterbitkeun ku Mangle taun 1964 dina mangsa Mangle masih keneh terbit
di Bogor . Ceuk Pangjajap ieu buku disebutkeun ieu carita pantun teh
diturunkeun ku Aki Bajurambeng juru pantun antara taun 1908, basana basa
rahayat anu teu nyaho undak usuk basa, jadi boga ajen anu mandiri, malah leuwih
loba ngandung kakunoanana. Ieu carita pantun diguar deui kalawan bisa jadi buku ku
alpukahna Bapa Saleh Danasasmita dina taun 1963. Ceuk beja ieu buku carita pantun teh aya dua jilid, ngan nu hiji
deui can aya, bilih baraya aya nu ngagaduhan atanapi uninga kedah kamana nya
nyusud, wartosan sim kuring. MSasmita Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|

