Assalamualaikum, Punten wae bisi ieu berita teh geus basi.
Tadi beurang kuring ngahadiran deklarasi LSM lingkungan hidup nu rek ngalawan rencana diwangunna Lapangan Golf di Panaruban Sagalaherang Subang. Ceunah eta investorna teh ti Korea. Rek ngagunakeun lahan koservasi nu legana kira-kira 620 hektar. Ku masyarakat teu disatujuan. Alatan bakal ngabalukarkeun hese cai jeung ngarusak lingkungan hirup. Saur Bapak Sumarna sesepuh Panaruban, ayeuna wae geus loba huma nu kagaringan alatan hese cai. Komo deui lamun aya Lapangan golf nu merlukeun cai loba. Disagedengeun ti eta, Saur Bapak Garna Abdullah oge kawasan panaruban teh ku Pamarentah Subang ngaliwatan Perda No. 12 taun 2001 geus dijadikeun Kawasan lindung Kabupaten Subang. Komodeui ditambah ku UU Lingkungan Hidup No. 23 taun 1997 ngeunaan Ekologi. Ku kituna masyarakat Subang teu rido lamun Panaruban diwangun lapangan Golf. Salian ti ngehesekeun cai, teh Bapak Sumarna ngajentrekeun di panaruban teh masih keneh loba manuk Heulang "Si Jambul" nu lindungi ku nagara. Sato samodel oces, surili, jeung tutuwuhan obat nu geus langka oge masih keneh rea jeung subur di kawasan eta teh. Malahan mah teu jarang dijadikeun tempat penelitian ku mahasiswa-mahasiswa alatan alamna masih keneh asli. Jeung deui ceunah adat istiadatna masih keneh relatif asli dibanding daerah sejenna. Sumber Potensi cai teh sihoreng lain jang urang dinyana wungkul. Tapi jang daerah hilir seperti Ciasem, jeung Cipunegara oge disumbang ku daerah Panaruban. Lahan nu diincer ku investor teh mangrupakeun lahan HGU PTPN Nusantara VIII nu nampung 3200 tanaga kerja nu umumna lulusan SD nepikeun ka SMA. Ceuk Pak Sumarna lamun diwangun lapangan golf tangtu tanaga kerja di PTPN Nusantara VIII bakal moal bisa ditarima alatan latar belakang pendidikanna. Gempungan nu diayakeun di RM Sangkuriang teh ngahasilkeun LSM nu ngaranna Panyelik singketan tina Paguyuban Penyelamat Lingkungan nu pupuhuna kapilih Bapak GARNA ABDULLAH alias Kang Boy. Insya Allah rek nyieun rekomendasi ka DPRD sangkan nyalametkeun Lingkungan Hidup di Subang. Tadina kuring datang atas nama Media radio Elshinta alatan dititah ku redaksi sangkan datang kana acara deklarasi. Tapi pas diilikan dina ondangan nu datang teh diantarana: Gabungan Pengusaha Perkebunan Lingkup Jabar jeung Banten, Dewan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar Sunda, Serikat Pekerja Perkebunan, jrrd. Kuring jadi hayang ngomong nepikeun aspirasi ngeunaan kahirupan Tatar Sunda. Tungtungna ku MC dibere waktu jang baceo. Ahirna kuring nepikeun saran ngaatasnamakeun "KUSNET". Kuring nyarankeun ka forum sangkan lamun urang ngayakeun perlawanan ka "lapangan golf" urang kudu bisa ngusahakeun cara sejen. Nu ku kuring diusulkeun sangkan Panaruban dijadikeun "SUAKA BUDAYA & ALAM TATAR SUNDA". Supaya lamun urang mana wae hayag nyaho budaya jeung alam Sunda bisa ngajugjug ka Panaruban. Kuring oge inget yen Subang teh nyimpen 70% budaya Sunda. Dina tuntung acara teu poho kuring promosi millis ieu jeung ngajak ka nu biasa ngome internet sangkan daftar. Sugan jeung sugan wae lain ukur daftar wungkul. -- Baktos, Om TEDDY ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Has someone you know been affected by illness or disease? Network for Good is THE place to support health awareness efforts! http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

