di wewengkon kuringmah da asa biasa. Bahasa etapisan nu sapopoe dipake teh
(kecuali kecap "aing" jeung "sia" rada arang). Komo di desa beulah dituenmah
ampir persis pisan.  Pedah kuringmah lain menak jadi basa na siga kitu.
Kecap-kecap keiu teh geus sering kadangu ku sim kuring;

"sia rek kandi, su?"
"anak urang nu bikang digawe di jakarta"
"nyaneh rek madang, dur? Tuh, kejo masih ngayah (loba)."
jrrd

Sanes di wewengkon kuring wungkul meureun nu make basa sunda siga kitu teh.
Dimana deui, nya? Nu pastimah lain di "PREANGER" siganamah.


Wasalam,
Durachman




-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of syam ridwan
Sent: Tuesday, May 03, 2005 8:36 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Rusdi jeung Misnem (kompilasi)


Nitenan kecap jeung basa nu aya di buku Rusdi jeung Misnem,
geuning loba kecap jeung basa anu garihal, saperti dina kalimah :
" Kadieu Nem, aya nu numpak kuda."
" Saha, Di?"
" Nyaho, da aing mah teu wawuh" ceuk Rusdi. Jrrd.
Kecap "aing" didieu kawas nu geus baku diucapkeun, boh ku Rusdi atawa
ku emana. Atawa dina kalimah " Sakur kahakanan nu kapanggih dihuapkeun"
kecap "kahakanan" didieu asana loyogna keur kasato lain keur ka jelema.
Kiwari kecap kahakanan mun keur ka jalma, sok diganti ku kadaharan(basa
sedeng)
katuangan (basa lemesna)



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke