Ari sugan teh leres dibandingkeun sareng dukun teluh atawa si Romo nu dua2na teu rasional. Sae Kang, bilih ngayayay teuing sareng bilih baroseneun baraya sadaya ka topik ieu. Panginten urang teh "satuju pikeun teu satuju" tea nya Kang? Henteu nanaon, sakedik di handap panutup catur pamungkas basa.
Di lingkup publik, pikeun abdi nu namina pamarentah mah pasti teu leupas ti tekenan. Kapan tos janten rusiah umum nu namina pamarentah mah seueur nu nyaketan. Masih mending nu nyerang ku ideu atanapi ngutip teori, kumaha mun ku nu gaduh modal (kapitalis), pan tos janten rusiah umum KKN ti dinya kaluarna sanes? Janten ayana ideu nu nyandak teori "mustahil" teu kedah disuudzonkeun ditujujeun pikeun kakawasaan.
Dina lingkup pribadi, pikeun abdi ayana macem2 info justru tiasa diangge latihan janten "the effective information processor" sangkan tiasa milih, milah, sareng mutuskeun sikep dumasar info nu lengkep, nu "multi-perspectives" tea.
Sadaya tangtos uninga yen urang teh pamingpin pikeun diri/kulawarga urang. Wujud pingpinan teh apanan diantawisna dina hak2 pilihan tea, boh politis atanapi ekonomis: milih pamingpin, milih produk, jrrd nu teu leupas ti kapentingan sareng sistem nilai urang (baca: agama). Pilihan ieu tangtos langkung tiasa ditanggelwalerkeun (dunia aherat) upami didasaran ku hasil ngolah info nu komprehensip.
Dina wangunan siga kieu, kuring yakin, hiji info nu euweuh gunana tangtu bakal musnah ku sorangan, teu kedah dipikasieun atanapi disensor, boh ku "label" komo deui ku "gunting".
Cag, hatur nuhun...
Baktos, Yudi
===============================================
--- In [email protected], "Waluya" wrote:
Kang kuring oge satuju kana informasi bebas. Kuring oge henteu ngamasalahkeun soal teori Vials cs, rek berteori aya naga ngamuk di jero beuteung bumi ge mangga teh teuing. Ngan nu jadi masalah, saperti nu ku kuring kantos disebut, lamun sagala teori ieu dipake alat keur neken pamarentah ku para politikus. Aya sababarha urang inohong bangsa urang (lain Pa Herman wae) nu sok ngutip teori ieu, bobot omongan para inohong/politikus ieu gede pisan, pangaruhna gede keur jalma nu awam. Cobi tingali artikel Pa Herman, apan jiga nyalahkeun pamarentah, naha henteu ningali kamungkinan lain dina soal bom Bali, sapertos ningali teorina Tuan Vials?, padahal anjeunna tantosna oge terang soal bom bali teh geus kaguar. Politikus sanes elmuwan, sanajan diterangkeun saeces-ecesna oge, acan tangtu narima, sabab tujuan manehna mah lain bener henteuna hiji teori, tapi tujuanana kana kakawasaan!
Perkawis istilah "tahayul Modern" jeung "Dukun modern" eta kecap ku kuring dibere tanda kutip, nu ngandung harti, lain dukun saujratna. Kabeneran profesi kuring tukang neangan barang atawa naon wae nu aya di jero taneuh make metode nu geus diangken ku dunya ilmiah. Tah dinu soal neangan barang/ cai dijero taneuh
oge loba dukun biasa jeung "dukun ilmiah". Dukun biasa mah make parupuyan ari "dukun modern" mah aya teori fisikana jiga Romo Katholik ti salah sahiji gereja di Semarang. Manehna mah lamun neangan cai, make tongkat terus leumpang kukurilingan, engke lamun aya cai, eta tongkat karasa aya nu narik sabab cenah aliran cai dijero taneuh ngaluarkeun medan elektromagnet nepi ka karasa kana tongkat. Ieu metoda teu bisa diakngken sacara ilmiah, teu aya buktina cai ngalir ngaluarkeun elektromagnet, kaduana nu bisa ngarasakeun ngan Kangjeng Romo wungkul nu sejen mah teu bisa. Eta lain elmu pangaweruh sanajan nyabit-nyabit elmu fisika ge, eta mah kaasup mistik.
Eh....jadi ngacapruk, tos we ah .....dugi kadieu we kang Yudi, hatur nuhun parantos kersa ngawaleran.
Baktos,
WALUYA

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.