Alhamdullilah si teteh sehat.....
Tuh geuning terang sejarahna, monkasel teh...da kang Didat komandanna sanes...!.....he he
Kang Hendri , kang Tito jeung si teteh mejeng dikapal selam, ke panginten fotona di kintun ku kang Henri
Kang Didat eta kumaha cara ngaanggkutna, kapal selam teh..ti laut dugi ka kota rupina dibelah-belah heula duka sabaraha bagian  da teu aya anu dipicen, sadaya tetep kaayaan kapal selam, ngan orokaya si teteh mani hese ngalengkah da pantona ukur buled anu diameterna mung sa meter. Tapi resep numpak kapal bisa ningali mobil-motor tina teleskop, mun keur dilaut eta teh keur noong musuh.
Kacipta kang didat janten komandan di eta kapal teu tiasa mengkolkeun  jeung  nyingcet mun aya anu rek ngagempur da kedah lempeung wae.jalanna..he he...
Nuhun kang Didat infona si teteh janten terang...sok ah..ngadongeng deui kapal selam anu sanesna....?sumuhun eta wae anu nuju digarap ayeuna sanes kapal selam...! sabaraha kali lipat angeungna ti Monkasel..?
 
ip

Riyadi Syahardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teteh Tien, anu kasuhun.......Damang, nun.......
Naha bet ka abdiw....da abdi mah teu ngiringan kongres.....
Pami bade naros perkawis Monkasel mah mangga we, abdi ge terang na teh mung sakedik...
Kieu.....
Monkasel teh singketan ti Monumen Kapal Selam,
Naha make aya monumen kapal selam sagala di Surabaya, sanes di Jakarta?
Ceritana pan Surabaya teh merupakan salah satuna kota maritim, teras pangkalan kapal selam teh mung aya di Surabaya, alias teu aya di tempat / kota sejen...jadi we monumen kap-al selam teh di adegkeun di Surabaya....
Nami kapal selam na teh Pasopati...Naha Pasopati?
Sabab, Pasopati ngan hiji-hijina nu gaduh sejarah perjuangan saat perebutan Irian Barat sekitar taun 1962, sami-sami sareng pahlawan Yos Sudarso, oge ngan Pasopati nu gaduh bintang Sakti ti Presiden Soekarno, tapi sanes ngan Pasopati hungkul nu berangkat berjuang saat eta teh, aya seueur kapal selam nu kaditu teh (Irian Barat), tapi pedah Ngan Pasopati hungkul nu tiasa mendaratkan pasukan RPKAD di tanah Irian Barat, berkat keberanian oge keahlian para awak kapal selamna....
Pami ngadangukeun carios sejarah per Kapal Selam an ti pelaku sejarah sok muringkak bulu punuk......diantarana aya cerita kapal teh menenggelamkan diri pedah kapendak ku kapal Walanda....dugikeun sababaraha dinten di jero cai sareng kedalaman nu melewati batas maksimal, malah aya nu cepilna teh getihan pedah ku teu kiat tekanan kompresi cai, oge pedah di bom ku kapal Walanda.....Tapi sumanget perjuangan sareng cita-cita para pejuang saat eta akhirna sagala rintangan tiasa dilewati.....
Kitu ceritana mah nu sakaterang abdi......
Pami aya nu langkung terang mangga di tambih atanapi dikirangan.....heuheuheuheu..,....
Baktos,
 
-didat-


indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya......
 
Alhamdullilah tadi tabuh satengah dalapan wengi si kuring tiasa patepang raray paamprok jonghok , duka anu ka sabaraha sareng baraya kang Hendry kalih istrina nya kitu deui kang Tito kalih istri. Ku teu nyangki bakal patepang, konkres leuleutikan di MOnkasel........
Naon cenah "Monkasel" teh...! ah.....moal di wartoskeun ayeuna, ke wae ku kang Didat......anjeuna pasti terang, sok ah.....ku kang Didat sina di guar naon monkasel...? pokona mah resep ngan gogonjakan wae.......sapertos biasa ari urang sunda loba heureuy......
Teh Imas.....! resep teh......sok iraha atuh kadieu..? urang kongres deui di MOnkasel, sok baraya........urang acarakaeun.....kongres deui yuuuuu........
Teh Neny aya keneh kitu...? kang Teddy...damang..? si teteh  nembe wangsul.......resep kang, tos ngariung.......
Tos.....ah..
 
IP tea


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

#. Teu betah,ngawangkong di Warung, kintun Serelek)e-mail kosong ka:
[EMAIL PROTECTED]

#.palay reureuh nampi e-mail, kintun serelek kosong ka:
[EMAIL PROTECTED]

#.Ngaanormalkeun deui saparantos nomail, kintun serelek kosong ka:
[EMAIL PROTECTED]

*Urang Sunda, anu resep heureuy, ngawangkong, teu kasigeungan, jembar manah tur jembar pangampurana mangga utamana resep ngaleboy, dihaturan ngariung tur ngawangkong di Warung LEBOY*



Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour

#. Teu betah,ngawangkong di Warung, kintun Serelek)e-mail kosong ka:
[EMAIL PROTECTED]

#.palay reureuh nampi e-mail, kintun serelek kosong ka:
[EMAIL PROTECTED]

#.Ngaanormalkeun deui saparantos nomail, kintun serelek kosong ka:
[EMAIL PROTECTED]

*Urang Sunda, anu resep heureuy, ngawangkong, teu kasigeungan, jembar manah tur jembar pangampurana mangga utamana resep ngaleboy, dihaturan ngariung tur ngawangkong di Warung LEBOY*



Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke