Assalaamualaikum,

Aduh Uwa..geuning hampir sami nasib kapungkurna pernah
bumen2 di Bali..Jimbaran deuih...kampus gersang
abdi...:).  Oge Ka kang Soni, nepangkeun pun rai
ieuh,,,sa udayana. Kitu Oge Ka Teh Imas, sipp abdi
ngadukung.... yen anak2 urang engke teh teu mopohokeun
basa sunda..

Oh muhun..
Dupi Abdimah ayeuna teh linggih di Jl. Pulau Selayar
19AB, pengkereun Mushalla Annur...

Alhamdulillah teu tebih teung mun, hoang adzan teh
mung 20 lengkah...da di Bali mah shalatna begitu hoang
adzan langsung karumpul..pas salse adzan, teu puji2an
heula, langsung Iqamah we..jadi rada cepet
salsena..teu jiga di urang2, nungguan nu shalat bari
puji2an sampe kana 15 menitan...benten..(cuhat nya?) 

Uwa, dupi di Bandungna dimana, insya allah mun abdi
mulih ka Karawang,,hoyong abdi kukurilingan ka
Bandung..tempat ki sunda tea..:)..ongkosnamah bade
nyungkeun ka si Harja weh..:)..prettt...ok Ja!!!

Punten Mun Basa sunda simkuring rada balepotan...ceuk
abdimah dikarawang, sakieu mah rada lumayan basa
sundana...da sebagian besar basa sundana urang
karawang mah rada ancur...(Sia Jeung Aing paling
Populer..malahan mun aya urang sunda Tasik Atawa
Bandung nu super lemes jeung halus teh jadi bahan
tontonan jeung tukang diheureuyan,,,heuehuehue...

Wassalaamualaikum,

Nu Masih Katalian Kisunda..

--- salma imas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> haturan wa.....
>  
> alhamdullilah sae ..kumaha sawalerna? abdi ge tos
> sono ka uwa..
>  
> alhamdullilah ari pu anak mah tos tiasa sa alit2
> bahasa sunda, kaleresan abdi linggih di tangerang,
> sigana sakola dasar aya pelajaran Bahasa sunda..
>  
> ari pun raka mah..keukueh rada sesah, wioslah asal
> generasi saterasna tiasa lancar bahasa sunda.
>  
> kumaha wa istri damang? insya allah abdi ka bandung
> da ayeuna mah rada enggal nganggo jalan tol nayar...
>  
> salam ka sadayana uwa...
>  
> nuhun
>  
>  
>  
>  
> imas
>  
>  
> 
> 
> MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Tah geuning
> aya nu ti Pulo Dewata,....kumaha Bali mangsa 
> kiwari..?
> Sim kuring ge kungsi rada lila di Bali teh aya kana
> 6 taun 
> mah, biasa we neangan kipayah, mimiti nganjrek teh
> di 
> Jimbaran, terus di Jl Suli, panungtung teh di daerah
> 
> Muding Sari, ninggalkeun Bali taun 1997.
> Kungsi lolongok ka Bali deui dina taun 2003, teu
> lila ngan 
> sakadar laha loho wungkul, pedah eta dititah ku
> dunungan.
> Alumni Bali teh di Kusnet mah Kang Soni, inyana
> ayeuna 
> geus di Bandung deui.
> 
> Eh...Teh Imas kumaha damang..?, iraha bade ka
> Bandung 
> deui, upami ka Bandung tong hilap nyimpang ka
> Margawangi 
> nya, salam ka Aa-na, kumaha tos tiasaeun basa
> Sunda...?
> 
> Ka baraya sadayana nu nembe ngempel dina ieu
> riungan, sim 
> kuring salaku kuncen # 2 ngawilujengkeun wilujeng
> sumping, 
> mugia aya pangabetah tur aya mangfaatna, utamina mah
> mugi 
> sing beuki maher basa Sunda.
> 
> MSasmita
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Yahoo! Small Business - Try our new resources site! 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
In low income neighborhoods, 84% do not own computers.
At Network for Good, help bridge the Digital Divide!
http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke