Kekemu ortu? euleuh abah sareng ambuna diangge kekemu? hebat euy 
hwehehe yey saha nu kumeok memeh dipacok? Salira panginten! ati2 tuh 
ke didamprat deui ku Neng Nia: "cicing kang Duli.. ciciiiing" :P haha

Leres Kang Duli, masalah bebas mikir teh rada pajeulit di urang mah. 
Salahsawios sababna (pamendak abdi), eta budaya teh mucunghul di 
kulon tur mucunghulna lain sadinten 2 dinten tapi ratusan taun. Tah 
di Indo aya nu hoyong siga kaayaan diditu ayeuna padahal sajarah 
urang kan benten jeung sajarah di kulon. 

Wajar we mun urang rada karagok keneh da urang teu ngalaman nanaon 
nu dialaman di barat. Contona ti baheula ge muslim mah teu ngarasa 
agamana patukangtonggong jeung elmu tur asa can manggih aya elmuwan 
dihukum ku ulama (cara Copernicus atawa Galileo Galilei). Jadi 
Muslim mah ti baheula memang geus biasa mikir bebas, tapi nyaho 
wates: akidah (contona al Hallaj?CMIIW).  

baktos
Yudi
**ari DODET teh naon hartosna?
--- In [email protected],wrote:
> Hapunten upami sikuring ngocoblakna matak raheut kana manah, mugi 
tiasa maklum kana kaayaan sikuring kumargi kapungkur jaman kuda 
ngahariring, sikuring teh sering teuing kekemu ngangge 
ortu...hehehe...
> 
> Sok ateuh mangga teraskeun deui padundengan perkawis kabebasan 
mikir teh, teu kedah pundung teras pada ngaleos pedah ngaraos 
diheureuyan / disapirakeun ku sikuring, maenya elehan pisan urang 
teh...kumeok memeh dipacok kitu?...pira ge sakitu...batur mah aya nu 
nepi ka dipergasa ku alatan beda pikir jeung pangawasa...ieu mah 
karek di-eleketeck wungkul...
> 
> Perkawis kabebasan mikir, sikuring satuju palebah mikirna, mung 
dina palebah kabebasanna sikuring kirang sreg, kumargi kecap 
kabebasan bisa diartikeun beda ku masing2 jalmi...
> 
> HAYOH DERRR!!!
>  
> Duli Dodet




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Ever feel sad or cry for no reason at all?
Depression. Narrated by Kate Hudson.
http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke