Kanggo Teh Euis sareng Teh Imas di Bali
oge Kang Febby di Malang, Kang Tantan di Bogor, salam kenal :-)
Kanggo Kang Yaya, abdi ma tiasa ningali
SCTVna mung tina liputan6.com Punten teu kantos katonton.
Kanggo Kang Dadun anu promosi Bali,
manawi uninga abdi nyungkeun infona ti situs mana tiasa meser tiket
pesawat ti Jakarta ka Denpasar wangsulna ka Bandung. Hatur nuhun.
Kanggo Kang Duli, sumuhun anu
nangtoskeun maot mah Allah. Upami dikersakeun ku Anjeuna mah, sedep
jengkol oge upami diteureuy nyelap dina genggerong mah tiasa maot
:-)
Kanggo Uwa Sas, abdi tos ningal gambarna
... anom keneh sareng kasep geuning, kapungkur mah ku abdi disangki teh
parantos aki-aki :-)
Kang Nana, Kang JP, Kang Lukman,
hukum islam mah teu tiasa diterapkeun di indonesia, upami di nagara
urang ayeuna diterapkeun hukum potong tangan kacipta weh bakal
seuer jurangan-juragan anu teu kagungan panangan,
....................sanes jalma cacah nu maling hayam wungkul. Kulantaran eta
panginten kirang pangrojong kanggo tiasa
diterapkeun.
Kang Durahman, sumuhun judul sareng eusi
teu parok. Diperhatoskeun kanggo kapayun, Insya Allah. Hapunten ka
sadayana.
Kanggo Kang Asep Suhendra, WILUJENG
MILANGKALA. Sing panjang yuswa bari sehat sapapaosna kalayan aya dina rido
Allah SWT.
Kang Murdi, nami Lies, Lilis, Elis,
Eulis, Euis, sst. laris keur urang Sunda mah, supados sidik kauninga ku
akang-akang ..... gareuLIS. Nepangkeun Kang :-)
Anu padungdeng nyarioskeun Petir, ADE
sareng WULAN, poekeun abdi mah, naon sareng saha atuh aranjeunna teh? milih
kanggo naon?
Kang Wawan, nepangkeun :-). Pun anak nu
cikal waktos nuju orok 23 taun kalangkung, sok ngaempeng ka pun
biang, diwartoskeun ka Dokter Liem ti Cidurian di Bandung teras ku
anjeunna dipiwarang seueur nuang peuteuy, eh janten aya cai
susuan.
Salamna bae kanggo nu teu kaabsen
mah.
Baktos,
Lies
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links