Dina tabloid Mingguan Sunda Kujang No 1 Minggu III 15 April 2005, aya artikel ngeunaan Kampung Tardisional Cireundeu. Cireundeu teh hiji kampung deukeut ka Leuwi Gajah nu dina waktu nu geus kaliwat keuna musibah kaurugan runtah tea, ngan alhamdulillah eta runtah teh henteu urug ka palebah Cireundeu. Ceuk kokolot didinya, nyaeta Abah Sunarya " Ah...tong boro runtah dalah Walanda ge teu wanieun ngaganggu ka Kampung Cireundeu mah..." nu dimaksud Walanda didieu teh tangtu jaman baheula jaman penjajahan Walanda. Kampung Cireundeu aya nu nyebut kampung tradisional, pedah eta didinya mah masih keneh "make" adat kabaheulaan, malah agamana ge ngagem agama Sunda, disebut Hindu lain, disebut Islam ge lain. Nu rada aheng kadaharan sapopoena urang Cireundeu nyaeta sampeu, sampeu teh diolah jadi siga sangu, ari deungeuna mah bisa naon bae. Lamun indit-inditan, di panyabaan keur barangdaharna urang Cireundeu tetep sampeu.
Kitu tah baraya, geuning aya keneh kampung tradisional deukeut Bandung, hiji waktu mah urang ulin yu ka Cireundeu, sugan we manggih "kearifan lokal" pikeun pieunteungeun, sarengna deui sakalian we bewara rehna Kalawarta Kujang ayeuna tos terbit deui. MSasmita ======================================================================================== Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa Timur. Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN (467826) ======================================================================================== ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

