Polio (Poliomyelitis), atawa paralisis orok, nya�ta hiji kasakit viral paralitik. Nu jadi sabab, hiji virus nu disebut poliovirus (PV), nu asup kana awak sacara oral, terus ngainf�ksi peujit. Salajengna ieu virus bisa nyebar asup kana saluran getih sarta sistim saraf pusat nu ngabalukarkeun lumpuhna otot, malah bisa nepi ka paralisis.
Sajarah Balukar inf�ksi polio geus dipikawanoh ti jaman prasajarah. Lukisan jeung ukiran titinggal Mesir n�mbongkeun ayana budak lumpuh nu leumpang mak� alat bantu, jsb. Kaisar Romawi Claudius sukuna lumpuh ti bubudak nepi ka ahir hirupna. Pr�sid�n AS Franklin D. Roosevelt kaserang polio taun 1921 nepi ka diparalisis. Laporan kasus poliomyelitis munggaran ditepikeun ku Jakob Heine taun 1840. Karl Oskar Medin mangrupakeun nu munggaran ngayakeun studi �mpiris �pidemi poliomyelitis taun 1890, sahingga dua ngaran ieu dipak� pikeun ngaran kasakitna, kasakit Heine-Medin. Polio t�h naon? Polio (paralisis orok, infantile paralysis) nya�ta kasakit n�pa nu digolongkeun kana hiji kasakit peradaban (disease of civilization). Polio nyebar ku kontak manusa antarmanusa, biasana asup kana awak ngaliwatan baham tina cai atawa kadaharan nu kakontaminasi. Poliovirus nya�ta hiji virus RNA (asam ribonukl�at) leutik nu boga tilu galur nu gampang pisan ngainf�ksi. Virus ieu nyerang sistim saraf, sedengkeun awal paralisis bisa lumangsung dina jangka sababaraha jam. najan polio bisa nyerang ka saha ba� dina sagala umur, leuwih ti 50% kasusna nyerang ka barudak antara umur tilu ka lima taun. Mangsa inkubasi polio, ti munggaran inf�ksi nepi ka gejala kahiji, lumangsung antara tilu nepi ka 35 po�. Polio bisa sumebar lega sam�m�h ahli m�dis ngadet�ksi tanda awal hiji wabah polio. Nu ah�ng, lolobana nu kainf�ksi poliovirus teu n�mbongkeun gejala nanaon sahingga taya nu nyangka y�n geus kainf�ksi. Sanggeus kainf�ksi, virusna nyebar deui ngaliwatan tai sababaraha minggu nepi ka antukna kanyahoan aya wabah di masarakat. Tilu galur poliovirus ngabalukarkeun polio nonparalitik, polio paralitik, jeung polio bulbar. Sadaya bentuk polio n�mbongkeun gejala awal nu sarua: laleuleus, muriang, utah uger, nyeri sirah, jeung nyeri beuheung. Tipe-tipe polio Polio non-paralitik Polio nonparalitik ngabalukarkeun muriang, utah, nyeri beuteung, l�toy, jeung s�nsitip, og� kadang keram dina otot beuheung jeung tonggong, nu mun dicabak karasa hipu. Polio paralitik tulang tonggong Galur poliovirus ieu nyerang kolom tulang tonggong sahingga ngancurkeun s�l (biologi) tanduk anterior nu ngatur gerak anggota awak. Najan galur poliovirus ieu bisa ngabalukarkeun paralisis perman�n, kasusna kurang ti satengah pers�n nu nepi ka paralisis. Paralisis pangilaharna nyerang kana suku. Sakali poliovirus nyerang peujit, bakal kaserep ku kapil�r na dinding peujit nu salajengna nyebar ka sakuliah awak ngaliwatan saluran getih. Poliovirus nyerang kolom tulang tonggong jeung neuron motor -- nu ngatur gerak fisik. Nya dina mangsa ieu n�mbonganana gejala kawas flu; pikeun jalma nu teu mibanda kawedukan atawa can divaksinasi, virusna biasana terus ngainf�ksi sakujur kolom tulang tonggong jeung bobot uteuk. Inf�ksi ieu mangaruhan sistim saraf puseur (SSP) -- nyebar sapanjang serat saraf. Nalika virusna ngalobaan na SSP, neuron motor jadi ancur; neuron motor teu baranahan sahingga otot nu kapangaruhan moal bisa n�mbalan par�ntah SSP. Paralisis nu pangilaharna lumangsung dina otot suku, nu balukarna sendi jadi ngagantung jeung teu hirup -- hiji kaayaan nu katelah paralisis lumpuh akut (acute flaccid paralysis, AFP). Inf�ksi SSP nu parah ngabalukarkeun paralisis tulang jeung otot toraks jeung abdomen (quadriplegia). Polio bulbar Polio bulbar disangka mangrupa balukar tina jalma nu teu mibanda daya tahan alami kana virus polio, sahingga bibit uteuk (brain stem) bisa kaserang. Bibit uteuk ngandung neuron motorik nu ngatur engapan jeung saraf kranial, nu m�r� sinyal ka rupa-rupa otot nu ngatur gerak panon; saraf trigeminal jeung saraf raray nu ngarangsang kelopak panon, cipanon, jeung otot-otot raray, jsb.; saraf pangrungu; saraf glossopharyngeal nu sabagian ngatur neureuy jeung fungsi-fungsi na tikoro; gerak l�tah jeung rasa; sarta saraf nu ngirimkeun sinyal ka jantung, usus, engapan (bayah), jeung saraf as�sori nu ngatur gerak beuheung-luhur. Polio bulbar bisa mangaruhan fungsi-fungsi nu kasebut di luhur. Tanpa pangrojong engapan, polio bulbar biasana ngabalukarkeun pati. Ti antara nu kainf�ksi, 5-10% maot nalika otot engapanana jadi teu bisa gerak. Ieu biasana lumangsung sanggeus ruksakna saraf kranial nu tugasna ngirim sinyal engapan ka bayah. Korban bulbar bisa og� nemahan pati alatan ruksakna fungsi neureuy; korbanna bisa "ngerelep" dina s�kr�sina sorangan, kecuali mun dikaluarkeun atawa dib�r� trak�ostomi pikeun ngaluarkeun s�kr�si m�m�h cairanana asup kana bayah. H�s� pisan mun hayang trak�ostomi bari mak� bayah beusi. Virusna og� bisa nyerang kana bagian uteuk nu ngabalukarkeun koma jeung pati. Laju mortalitas polio bulbar antara 25-75%, gumantung umur pas�nna. Nepi ka kiwari aya nu bisa salamet ku jalan terus-terusan cicing na bayah beusi (iron lung) atawa napel na mesin pangrojong engapan sangkan bisa tetep hirup. Polio bulbar jeung spinal mindeng narajang sakaligus. Duanana kaasup polio paralitik, nu sabenerna teu perman�n. Aya nu bisa cageur ti polio paralitik sahingga bisa hirup kalawan normal deui. Polio jeung barudak Barudak nu keuna ku polio n�mbongkeun ukur gejala nu hampang, sahingga bisa jadi weduk salawasna. Ku kituna, warga nu hirup di wewengkon nu leuwih bers�ka (sanitasina leuwih alus) sabenerna jadi leuwih rentan kaserang polio sabab jarang nu keuna ku polio nalika keur leutik. Jalma nu geus cageur tina polio kadang n�mbongkeun sindrom tambahan, utamana lemah otot, sababaraha dekade ka hareup; gejala ieu disebut sindrom paskapolio. Vaksin j�tu munggaran Vaksin polio munggaran nu j�tu dikembangkeun ku Jonas Salk, najan vaksin ieu og� nu dikembangkeun ku Albert Sabin nu geus dipak� pikeun inokulasi masal. Inokulasi barudak pikeun ngalawan polio dimimitian di Pittsburgh, Pennsylvania, 23 P�bruari 1954. Ku cara imunisasi masal, kasakit ieu musnah di Am�rika, najan kiwari mucunghul deui di Haiti, nu alatan masalah pulitik jeung kamiskinan ngahambat usaha vaksinasi. [1] (http://www.vaccinationnews.com/DailyNews/March2002/PolioHaitiLinkedIncompleteVax.htm) Usaha �radikasi Taun 1988, WHO ngaluluskeun hiji r�solusi pikeun ngabasmi polio taun 2000, hiji tar�kah nu diideuan ku usaha Rotary International taun 1985 nu ngumpulkeun dana $120 yuta pikeun ngaimunisasi sakab�h budak saalam dunya pikeun ngalawan ieu kasakit. Rarancang kiwari nya�ta panggero pikeun meungpeuk nyebarna ieu virus nepi ka taun 2005. Inf�ksi polio nu kiwari aya k�n�h nya�ta di subbenua India jeung Nigeria. Usaha ngabasmi di subbenua India nunjukkeun loba kamajuan, utamana nya ku program imunisasi. Hanjakal, sababaraah pihak Muslim nolak diimunisasi alatan aya isu bohong y�n vaksinna ngabalukarkeun peluh jeung mandul. Di propinsi Kano, Nigeria Kal�r, nu ngajalankeun syari'ah (hukum Islam), kampanye imunisasi kungsi eureun S�pt�mber 2003, nalika pamingpin Muslim ng�mbarkeun kacurigaan y�n vaksin nu dipasok ku donor-donor Kulon bisa ngurangan kasuburan jeung nyebarkeun HIV salaku salasahiji jalan AS pikeun meruhkeun Islam [2] (http://allafrica.com/stories/200407020367.html). 30 Juni 2004, WHO ng�mbarkeun y�n Kano kudu ngulang kampanye dina awal Juli, sanggeus salila sapuluh bulan wabah ieu sumebar ka sakuliah Nigeria jeung sapuluh nagara Afrika s�j�nna nu sam�m�hna geus b�bas polio. Di sagigireun ayana rumor mandul jeung pameungpeuk ku pamar�ntah propinsi Kano, perang sipil jeung pac�ngkadan internal di Sudan jeung Basisir Gading beuki nyusahkeun WHO dina ngudag ngabasmi polio. WHO miharep geus bisa ngabasmi kasakit ieu taun 2004, tapi kasusna kalah nambahan nepi ka 1185 di 17 nagara ti 784 di 15 nagara (taun 2003). Di Asia ngurangan, di Afrika kalah ngalipet jadi 1,037. Di Nigeria, nagara pangpadetna di Afrika, aya 763 kasus, dituturkeun ku India (129 kasus) jeung Sudan (112 kasus). Tanggal 5 M�i 2005, warta ngalaporkeun ayana kasus anyar di Jawa, Indon�sia, nu galur virusna dicuriga datang ti Nigeria. [3] (http://www.theglobeandmail.com/servlet/ArticleNews/TPStory/LAC/20050505/BCPACIFIC05-4/TPHealth/) [4] (http://news.yahoo.com/s/ap/20050505/ap_on_re_eu/polio_spreads;_ylt=AvPizOCAGpxnDUkXEb7Ap0Gs0NUE;_ylu=X3oDMTA2bXJyZDI0BHNlYwNobA) Pangaruh sosial Di B�nin, di mana sababaraha kulawarga nolak vaksinasi kalawan alesan agama, korban polio sacara informal diwenangkeun nyulundupkeun minyak ti tatanggana, Nigeria. Maran�hna tumpak motor tilu roda nepi ka wates, dibaturan ku montir nu ngurus mesin katut nu tunggangna. Di Nigeria, maran�hna minuhan sagala wadah nu dibawana ti B�nin pikeun di bawa balik deui. Najan ngalanggar hukum, jaba bahya mamawa minyak kana botol, maran�hna ditolelir ku aparat jeung masarakat B�nin. Korban polio, tina upajiwa ieu, ngarasa leuwih had� batan barama�n, sarta bisa campur gaul jeung masarakat. Nirca Aya sababaraha vaksin m�m�h nu ti Jonas Salk taun 1953. Taun 1935, Maurice Brody, asist�n panalungtikan di Universitas New York, ngaku geus manggihan hiji vaksin nu dihasilkeun tina budidaya saraf tulang tonggong mony�t. Anjeunna nguji vaksinna ka dirina sorangan jeung sababaraha urang asist�nna, sarta ngabagikeun ka tilu r�wu budak nu lolobana n�mbongkeun r�aksi al�rgi, tapi tanpa ngahasilkeun kawedukan kana polio. Panalungtik s�j�n teu bisa ngulang percobaan anjeunna ieu. John Kolmer og� kungsi ngaku geus ngembangkeun vaksin, ngan hanjakal kalah mawa balukar gor�ng ka barudak nu divaksinasina. Virus Simian nu katelah SV40 kungsi kapanggih dina vaksin polio ti taun 1954 nepi ka 1962. SV40 mangrupakeun karsinog�n nu ngabalukarkeun kangker. Tumbu kaluar * Global Polio Eradication (http://www.polioeradication.org/) * Travel advisory issued due to polio in Nigeria (http://www.washingtonpost.com/wp-dyn/articles/A17940-2004Jun30.html) * Rotary International: PolioPlus (http://www.rotary.org/foundation/polioplus/) * Franklin D. Roosevelt's granddaughter expresses hope that total eradication of polio is imminent on the occasion of the 50th Anniversary of the Salk polio vaccine. Audio and story available. (http://www.radionewssource.com/Scripts/salkvaccineanniversary.htm) * Elimination of Polio in Latin America and the Caribbean (http://www.cgdev.org/publications/MillionsSaved/studies/case_4.cfm) Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Polio" ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> In low income neighborhoods, 84% do not own computers. At Network for Good, help bridge the Digital Divide! http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

