Euleuh-euleuh eta Teh Nenny nu nyangsang di Batam mani dugi ka nangis lolongseran pedah teu ka absen, kapan kamari teh nu teu kaabsen mah dipaparin salam sagebang sewang :-)
 
Kang Om Ted, janten upami kitu mah hukum potong panangan teh atuh ulah dilarapkeun ka anu mung ukur maling pare lantaran anak pamajikan reang cerik teu bisa ngaliwet. Tapi langkung paos dilarapkeun heula ka nu maling duit rayat. Leres kitu :-)
 
Kanggo Kang Nana urang Kalijati, salam kenal :-)
Parantos sabaraha lami di Balikpapan teh Kang? Wilujeng bubuara, sing betah.
 
Kang Eko - bapa kuncen, kutan kawit ti Indihiyang?. Abdi taun 1984 kantos ngawulang di SMPNI Indihiyang, unggal dinten didugdag ti Singaparna ngebut kana motor butut. Hatur nuhun info situs Petir-na, janten abdi tiasa noong nu nuju aheng di lembur, teu poekeun teuing :-)
 
Kang Dani, pun lanceuk oge teu tiasaeun maca Kur'an, kapungkur diajar salatna teh teorina (maca tina bukuna) nu basa Inggris, ari praktekna mah ngadeg digigireun (sanes abdi ngaimaman salaki) teras bacaan abdi rada ditarikkeun ngarah ka kuping ku anjeunna. Lami-lami mah anjeunna tiasa salat, tapi unggal rakaat teh ngan fatihah weh jeung kulhu :-).
 
Teh Nia, kantenan bae seungit ditangkeup ku abdi mah da parantos lami teu neda jengkol :-)
 
Teh Imas, pangesto Alhamdulillah sehat. Salam kenal :-).  Kumaha Jakarta masih macet di jalanna?
Abdi mah di London nyingcet alias pasisianna, di Essex. Di Indonesia kawit ti kampung, ngalih ka Inggris ge jadi urang kampung deui :-).
 
Kang Akhmad Gunawan (dipanjangkeun bilih pagentos sareng nu sanes he he ...), nu diharudum ku sepre bodas teh barudak sakola nu daramel di hotel tos kagiliran jaga peuting. Kaperego ku abdi jeung si akang nu tos jalan-jalan subuh. Difotoan diheureuyan centeh rek dilaporkeun ka manajerna gawe teh ngan sare.
Teori ti abdi mah, supados langkung efisiensi teu kedah ngalengkah ka WC, sakantenan bae nganggo botol atanapi balon ditalikeun ka 'si ujang' :-).
Punten, narjemahkeun mah hoream ah (ari nyebatkeun teu tiasa mah bisi pajar ngabohong) 
 
Kang Jalak Pakuan, ngarojong pisan upami judi sareng korupsi diberantas (diberantas naon sundana nya?) margi ngarugikeun rahayat, ari potong tangan mah bilih lepat neukteuk :-)
 
Bagea Teh Ivawanti, abdi ge kantos lami di Bandung. Ti palih mana Bandungna teh? Naha leres saurna di Bandung ayeuna aya "Water World"?
 
Kang Patwa Nugraha, hatur nuhun kana perhatosanna. Leuh mani tos aya dina basa sundana nya nu iklan teh.
 
Kang Yudi, leres nu diwartoskeun ku Neng Iva teh tapi aya tambihna, saurna nganafkahanna numutkeun perjanjian/bagean tina kontrak.
Asa maning nu biasa bae atuh kang, anu kontrakna seumur hidup atanapi satungtung aya keneh duriat. Sakaterang abdi mah Rosulullah kantos ngawidian teh saharita waktos nuju usum perang wungkul.
Kang Yudi, upami mancing mah atuh alungan abdi lelena, da gaduh hiji di bumi ge teu tiasa dipasak :-)
 
Teh*/Kang* Icho (*punten pangmupuskeun hiji he he ....), salam kenal, sing getol atuh damel teh tong bolos bae :-)
 
Kang Arie, wilujeng sumping, mendak naon bae ti situs Kuningan teh? sok atuh bagikeun ka urang Bakus :-)
 
Uwa Sas, asa kabita hoyong abdi ge nganjang ka Cireundeu, palih mana Bandungna? Kapungkur nuju di Bandung teu kantos nguping.
 
Kang Didi, teu tiasa nulungan abdi ge teu terang naon nya "tanda seru" teh basa sundana, tanda panggorowok, kitu?
 
Sakitu bae heula kanggo dinten ieu mah, anu teu kaabsen tong pundung mangga bae ngacung :-)
Hapunten ka sadayana. wassalaamu'alaikum.
baktos,
Lies/Teteh
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke