abdi hadir teh  teh "kokom.com"  :-)
(si teteh meni ceria pisan euy...)


On Thu, 12 May 2005 11:47:04 +0100
  "L Parish" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Euleuh-euleuh eta Teh Nenny nu nyangsang di Batam mani 
>dugi ka nangis lolongseran pedah teu ka absen, kapan 
>kamari teh nu teu kaabsen mah dipaparin salam sagebang 
>sewang :-)
> 
> Kang Om Ted, janten upami kitu mah hukum potong panangan 
>teh atuh ulah dilarapkeun ka anu mung ukur maling pare 
>lantaran anak pamajikan reang cerik teu bisa ngaliwet. 
>Tapi langkung paos dilarapkeun heula ka nu maling duit 
>rayat. Leres kitu :-)
> 
> Kanggo Kang Nana urang Kalijati, salam kenal :-)
> Parantos sabaraha lami di Balikpapan teh Kang? Wilujeng 
>bubuara, sing betah.
> 
> Kang Eko - bapa kuncen, kutan kawit ti Indihiyang?. Abdi 
>taun 1984 kantos ngawulang di SMPNI Indihiyang, unggal 
>dinten didugdag ti Singaparna ngebut kana motor butut. 
>Hatur nuhun info situs Petir-na, janten abdi tiasa noong 
>nu nuju aheng di lembur, teu poekeun teuing :-)
> 
> Kang Dani, pun lanceuk oge teu tiasaeun maca Kur'an, 
>kapungkur diajar salatna teh teorina (maca tina bukuna) 
>nu basa Inggris, ari praktekna mah ngadeg digigireun 
>(sanes abdi ngaimaman salaki) teras bacaan abdi rada 
>ditarikkeun ngarah ka kuping ku anjeunna. Lami-lami mah 
>anjeunna tiasa salat, tapi unggal rakaat teh ngan fatihah 
>weh jeung kulhu :-).
> 
> Teh Nia, kantenan bae seungit ditangkeup ku abdi mah da 
>parantos lami teu neda jengkol :-)
> 
> Teh Imas, pangesto Alhamdulillah sehat. Salam kenal :-). 
> Kumaha Jakarta masih macet di jalanna?
> Abdi mah di London nyingcet alias pasisianna, di Essex. 
>Di Indonesia kawit ti kampung, ngalih ka Inggris ge jadi 
>urang kampung deui :-).
> 
> Kang Akhmad Gunawan (dipanjangkeun bilih pagentos sareng 
>nu sanes he he ...), nu diharudum ku sepre bodas teh 
>barudak sakola nu daramel di hotel tos kagiliran jaga 
>peuting. Kaperego ku abdi jeung si akang nu tos 
>jalan-jalan subuh. Difotoan diheureuyan centeh rek 
>dilaporkeun ka manajerna gawe teh ngan sare. 
> Teori ti abdi mah, supados langkung efisiensi teu kedah 
>ngalengkah ka WC, sakantenan bae nganggo botol atanapi 
>balon ditalikeun ka 'si ujang' :-).
> Punten, narjemahkeun mah hoream ah (ari nyebatkeun teu 
>tiasa mah bisi pajar ngabohong) 
> 
> Kang Jalak Pakuan, ngarojong pisan upami judi sareng 
>korupsi diberantas (diberantas naon sundana nya?) margi 
>ngarugikeun rahayat, ari potong tangan mah bilih lepat 
>neukteuk :-)
> 
> Bagea Teh Ivawanti, abdi ge kantos lami di Bandung. Ti 
>palih mana Bandungna teh? Naha leres saurna di Bandung 
>ayeuna aya "Water World"?
> 
> Kang Patwa Nugraha, hatur nuhun kana perhatosanna. Leuh 
>mani tos aya dina basa sundana nya nu iklan teh.
> 
> Kang Yudi, leres nu diwartoskeun ku Neng Iva teh tapi 
>aya tambihna, saurna nganafkahanna numutkeun 
>perjanjian/bagean tina kontrak. 
> Asa maning nu biasa bae atuh kang, anu kontrakna seumur 
>hidup atanapi satungtung aya keneh duriat. Sakaterang 
>abdi mah Rosulullah kantos ngawidian teh saharita waktos 
>nuju usum perang wungkul.
> Kang Yudi, upami mancing mah atuh alungan abdi lelena, 
>da gaduh hiji di bumi ge teu tiasa dipasak :-)
> 
> Teh*/Kang* Icho (*punten pangmupuskeun hiji he he ....), 
>salam kenal, sing getol atuh damel teh tong bolos bae :-)
> 
> Kang Arie, wilujeng sumping, mendak naon bae ti situs 
>Kuningan teh? sok atuh bagikeun ka urang Bakus :-)
> 
> Uwa Sas, asa kabita hoyong abdi ge nganjang ka 
>Cireundeu, palih mana Bandungna? Kapungkur nuju di 
>Bandung teu kantos nguping.
> 
> Kang Didi, teu tiasa nulungan abdi ge teu terang naon 
>nya "tanda seru" teh basa sundana, tanda panggorowok, 
>kitu?
> 
> Sakitu bae heula kanggo dinten ieu mah, anu teu kaabsen 
>tong pundung mangga bae ngacung :-)
> Hapunten ka sadayana. wassalaamu'alaikum.
> baktos,
> Lies/Teteh
> www.teteh.com
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 

========================================================================================
Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa 
Timur.
Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN 
(467826)
========================================================================================
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Dying to be thin?
Anorexia. Narrated by Julianne Moore .
http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke