Oh tempat rekreasi. Katingalna resep nya. Manawi pareng sareng aya waktos hoyong nyobian kaditu. Ari tos terang kieu mah pan gampil nya tiasa bari ngelol ka bumina kang dani, bade ngaririweuh....hehehe. Naros naon deui nya.....ah cekap bae we sakitu bilih kapanjangan.
 
 
 
Neng Iva

"Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kolam renang neng, karesep barudak jeung kolot aya kolam opat kanggo dewasa 2 kolam kanggo barudak 2 kolam, sosorodotan kanu cai 2 , hujan cai (sanes hujan batu...:b), ngan pami kaditu milihna enjing2 atanapi sonten bilih kabakar ku panas matahari (bilih janten hideung amis...he...), upami nyandak barudak sing sabar, biasana sok alim hanjat kaluhur, padumukan di Jl. Keramik no 7 A PWK, naon deuih teh anu bade ditaroskeun,....he...he...2 x sok iraha atuh anu bade amengan kaditu...  
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of iva wanti
Sent: Friday, May 13, 2005 10:29 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Ngabsen urang Bakus

Kumargi da di bandung mah teu aya water world teh. Abdi ge teu patos terang ari water world teh siga kumaha, duh abong kuper nya. Insyaalaoh upami pareng, punten akang dimana kitu dumuk teh?
 
 
 
Neng Iva

"Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
eceu.... water world mah aya oge di Purwakarta di Bendungan jatiluhur, langsung meluncur ka bendungan byuuuur,..... (heureuy neng), ongkos lebet mah pami rombongan toyota kijang full teh Rp 12.000,- upami ka water world-na Rp 25.000/org (anak >3 th dietang ), pami di Cikarang Lippo, water boom sami aya luncuran oge. upami ka ditu linggih ka rorompok atuh nya....
 
cag ah...
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of iva wanti
Sent: Friday, May 13, 2005 9:45 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Ngabsen urang Bakus

Haturan teh Lies.....wilujeng tepang. Abdi bandungna di kopo, dupi teteh kantos dimanana?
Water world? raraosan mah teu asa aya di bandung teh. Anu enggal2 teh eta we mall deui nyaeta Ciwalk, Cihampelas Walk tea.
 
 
Baktos,
Neng Iva

L Parish <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bagea Teh Ivawanti, abdi ge kantos lami di Bandung. Ti palih mana Bandungna teh? Naha leres saurna di Bandung ayeuna aya "Water World"?
 
Kang Yudi, leres nu diwartoskeun ku Neng Iva teh tapi aya tambihna, saurna nganafkahanna numutkeun perjanjian/bagean tina kontrak.
Asa maning nu biasa bae atuh kang, anu kontrakna seumur hidup atanapi satungtung aya keneh duriat. Sakaterang abdi mah Rosulullah kantos ngawidian teh saharita waktos nuju usum perang wungkul.
Kang Yudi, upami mancing mah atuh alungan abdi lelena, da gaduh hiji di bumi ge teu tiasa dipasak :-)
 
Sakitu bae heula kanggo dinten ieu mah, anu teu kaabsen tong pundung mangga bae ngacung :-)
Hapunten ka sadayana. wassalaamu'alaikum.
baktos,
Lies/Teteh
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Use Yahoo! to plan a weekend, have fun online & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Have fun online with music videos, cool games, IM & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Find restaurants, movies, travel & more fun for the weekend. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke