Euh geuning teh lies teh ibu guru abdi, abdi oge alumni SMPN I Indihiyang, taun 1984 mah abdi oge nuju kelas 1 mung lebet siang upami teu lepat mah. Sigana mah teu ka wulang ku te lies mahnya, urang emut-emut deui guru anu kantos ngawulang abdi Ibu Tati urang rajapolah ngawulang B. Inggris, Pak Engkus guru olah raga, pak Badru ngawulang Agama, Ibu Cicih ngawulang Kesenian Alah harilap deui teh lies saha deuinya.
 
Abdi mah upami angkat enjing-enjing teh sok mapah da teu patos tebih teuing ti kampung cibungkul ka smp i indihiang teh ngambring sareng rerencangan mapay-mapay jalan bari silih gonjakan sareng rerencangan (wararaas).
 
Mangga sakitu heula teh
wasslam
@ERN
 
 
----- Original Message -----
From: L Parish
Sent: 5/12/2005 5:47 PM
Subject: [Urang Sunda] Ngabsen urang Bakus

Kang Eko - bapa kuncen, kutan kawit ti Indihiyang?. Abdi taun 1984 kantos ngawulang di SMPNI Indihiyang, unggal dinten didugdag ti Singaparna ngebut kana motor butut. Hatur nuhun info situs Petir-na, janten abdi tiasa noong nu nuju aheng di lembur, teu poekeun teuing :-)
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke