----- Original Message -----
Sent: Thursday, May 12, 2005 12:29
PM
Subject: [Urang Sunda] Antara Sunda "Da"
jeung Sunda "Sanajan"
Baraya,
Poe Senen anu anyar kaliwat, si kuring milu ngariung di dapur
sundanet.com di Jl Sukasenang V No 14 Bandung.
Anu hadir diantarana Abah Surya, narasumber
sundanet.com, Kang Aji kanca ti Yayasan
Sawalabumi, Teh Nenny jeung batina anu bungsu, Kang Benny patih goahna
sundanet. Anapon anu jadi jejer pajemuhan anu utamana ngeunaan mateakeun
(memberdayakan) budaya (Sunda), khususna kasenian, pikeun nepikeun
program-program pamarentah. Tapi, dina seuhseuhanna mah padungdengan teh biasa
bae "ngaler-ngidul" ngobrolkeun sagala rupa ngeunaan anu aya patula-patalina
jeung kasundaan.
Diantara anu dialokan dina riungan teh soal anu ayeuna keur meujeuhna
rame silih tempas dina koran "PR", kasundaan tea. Upama dititetnan, anu keur
adu renyom masoalkeun kasundaan teh bisa ibagi dua golongan. Anu kahiji, anu
diwakilan ku Miing jeung dulur urang anu tulisanna sawanda jeung Miing.
Cupatna tulisan atawa pamadegan model anu kahiji, ringkesna mah pesimis kana
eksistensi kisunda. Anu kadua, anu diluluguan ku saha teh...hilap deui namina,
anu ngabela yen sunda aya keneh dikieuna.
Aya istilah ti abah Surya anu inget keneh tepi kaayeuna anu ngagambarkeun
dua model pamadegan ngeunaan kisunda anu rame di koran PR sakumaha disebut di
luhur: Sunda "Da" jeung Sunda "Sanajan". Saur Abah, Sunda "Da" teh larap ka US
anu loba teuing luh-lah atawa humandeuar ngeunaan eksistensi kisunda. Disebut
Sunda "Da", sabab umumna babasan anu kaluar ti US model kitu nya anu sok
dimimitian ku kecap "da". Upamana bae: "Ahh...da urang Sunda mah kitu, tangtu
bae moal aya kamajuan", "Bongan da urang Sunda mah tara wani ka hareup", "Da
ceuk uing oge Sunda mah kitu...matakna....", jst.
Sabalikna, ari Sunda "Sanajan" mah jembar, nyoko kana pasipatan cai,
ngalarapkeun salah sahiji harti Sunda, nyaeta cai tea. Enya, salah sahiji
harti Sunda tina 25 harti Sunda sakumaha dina buku "Kasundaan Rawayan Jati"
teh, nyaeta Sunda = "Cai". Kumaha bae cai, sanajan dihalangan ku
rupa-rupa panghalang, cai mah tetep neangan jalan pileumapangeunana. Sakumaha
wewegna oge beton anu ngahalangan cai, cai mah tetep bisa sumelesep, nyerep
kaditu ka dieu sok sanajan saeutik.
Sunda "Sanajan" oge siga cai. Upama geus katingal bebeneranana atawa naon
anu sakuduna, atawa jatidiri anu alusna, sanajan loba anu ngahalang, ngece,
ngajejeleh atawa ngahina oge tetep moal unggut kalinduan, moal gedag
kaanginan. Tetep Sunda kuring arek ka hareup, da kuring yakin mataholangna
ajen-inajen kasundaan teh alus. Kitu meureun istilahna teh. Jadi, babasan
kecap ti golongan Sunda "Sanajan" mah upamana: "Sok sanajan batur nyebut US
teh teu wani ka hareup, kuring mah da US, nya arek mimpin bae sabisa-bisa di
lingkungan anu kuring anu kadada kaduga"; "Sanajan disebut teu wanian, kami
rek ngabuktikeun yen kami wani nyorang ieu kahirupan", "sanajan basa Sunda
ceuk cenah geus mimiti pada ninggalkeun, kuring mah arek tetep usaha
migunakeun basa Sunda", jst. Sunda "Sanajan" tea.
Sunda "Da' lamun diantep bae bisa ragrag kana babasan "ajag ngajejewet
sorangan" atawa disebut oge peta (perilaku) "neluh sorangan". Kitu soteh lamun
kaluarna ti urang Sunda kalawan heunteu mere cara-cara jalan kaluarna atawa
ngan ukur diuar-uar dina media, jadi konsumsi sarerea. Numutkeun Abah Surya,
keur (dunya) atikan mah (satemenna urang sarerea ti mimiti gubrag ka alam
dunya nepi ka dikubur, moal leupas tina atikan, sabab "longlife education"
tea), Sunda "Da" teh teu hade. Keur konsumsi balarea, peupeujeuh, Sunda
"Da" ulah ditabeuh, sakurang-kurangna ulah digegedekeun. Sabalikna, keur dina
media, keur ka balarea, anu kudu mindeng disoarakeun teh nya sikep optimis
siga babasan ti Sunda "Sanajan" tea. Keur atika politik, komo, Sunda
"Sanajan"penting pisan dikahareupkeun. Tingali geura bangsa nu lian, upamana,
bangsa Jepang, apan sakitu alusna sikep kana citra diri anu hade teh.
Dimana atuh alusna nabeuh Sunda "Da"? Abah Surya ngawaler:" Tah
di gedong dprd, di gedong bapeda, dina padungdengan heureut jeung
pangagung pamarentah, komo keur madungdengkeun program mah. Taya lian, sangkan
anu jadi bangbaluh teh lain ukur diomongkeun, tapi pek dijieun program keur
ngobatanana".
Cag heula.
manAR
wilujeng jadi Sunda "Sanajan"
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links