Kang Opang,
Wilujeng. Pancen jadi guru kacida mulyana (teu diteraskeun nganggo w. kusumah :)).sok komo ieu guru di pasisian anu arang langka nu daek. Ngareret ngaran Pakenjeng, jadi inget kungsi laha-loho ka lebah dinya, basa usum rdb (rawan daya beli) tea. Kabayang lah kumaha garekgok jeung rarumpilna eta wewengkon sakaligus nyodorkeun idangan tetenjoan anu kacida endahna. Pakidulan Parahiyangan tea geus kawentar ti beh ditu keneh lebah kaendahan alamna.
Ngeunaan buku anu diperlukeun, asa inget kamari kungsi dipaparinan buku ngeunaan atikan drama jeung conto-contona keur guru SD. Sigana meujeuhna pisan upama eta buku pamaparin ti abah Surya teh disanggakeun ka salira. Lain nanaon, eusina euyeub ku atikan tatakrama anu ditepikeun ku cara anu heunteu pikaboseneun, alias seni teater tea. Sugan ku cara kitu, ti pasisian mucunghul seniman-seniman anu jembar wawasan kamanusaanna. Kumaha nya nepikeunna ka salira? Aya bukuna mah arek difotokopi bae, aslina keur salira atawa kanca salira upama salira tos kagungan mah
Baktos,
manAR
On 5/12/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Opang, mun kitu mah buku2 nu di jetenenger teh ek dipulangkeun
deui we ka dinya nya, ambeh kabawa ka Pakenjeng. Mun ti YP oge rek aya
pasokan, nya sok atuh ku uing bae Mang Je. Karunya ka MJ mah, geus
sibuk teuing.
Kabeneran deuih kamari2 teh aya jorojoy hayang ulin ka pakidulan,
sakalian nyimpang ka kapilanceuk di Arinem, Bungbulang. Mun piluangeun
longgar gawe di lab mah, rek sakalian bae cuti sugan, hanimun deui
jeung si misnem...
Wilujeng bajoang, Juragan Guru Darpan & Suwarja!
jk
On 5/12/05, Opang < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mitra, resep pisan. Barudak unggal baralik sakola paheula-heula
> hayang diinjeuman buku. Hanjakal bukuna kawatesanan pisan. Susuganan
> MJ atawa mitra di lembur Urang Sunda bisa ngjalanan. Uing butuh rea
> buku keur nganteur barudak ka alam imajinasi nu hamo aya watesna.
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
In low income neighborhoods, 84% do not own computers.
At Network for Good, help bridge the Digital Divide!
http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

