Haturan Kang, Teu kedah nyuhunkeun dihapunten Kang, da memang leres kitu kaayaana. Tong boroning Kang Cecep nu di luar, kadang kawis abdi pami mireungeu rerencangan nu siga kitu sok asa hoyong kaluar ti Pagawe Negri, sieun teu kiat mayunanna Kang.
Perkawis tarjamah2 mah nya moal nyambung atuh Kang, da memang nu dituju ku jalmi kitu mah sanes ngarah leres tapi ngarah kang Cecep lieur. Tos lieur teras cingcay atanapi ... nya kadituna mah tos apal panginten hehe Santei Kang, da abdi mah teu ngultuskeun STAN/depkeu. Goreng mah goreng we, rek dibolekerkeun siga kumaha oge mangga upami memang kitu kaayanana mah. Makana nawisan soteh sugan we ari nu lalebet ka STAN/depkeu nu bareresih mah kapayunan moal siga ayeuna. Sok lah dalaftar ka STAN ngarah teu didominasi ku jelema teu pararuguh! yudi --- In [email protected], Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan Kang Yudi, > muhun punten ieu teh sapertos anu tos disaurkeun ka Kang JP, sim kuring sanes bade nyakompet daunkeun.. hapunten pisan bilih cariosan ( seratan pas na mah ) sim kuring matak teu raos katampina.. > ayeuna abdi teh rada kumaha kitu.. punten ieu mah bakat ku lieur teuing da nya kitu eta para auditor teh kan lulusan STAN, tapi naha dina bahasa urang > kedah narjamahkeun wae sedengkeun ari sim kuring nyalira ngan lulusan SMA anu tos pasti kamampuan bahasana kurang pisan... palaur na teh maranehna ngetest bisi aya anu ditambahan atawa dikurangan ku urang.. padahalmah boro boro nambahan dina ngajelaskeunna oge rieur :).. > > Intina sim kuring nyuhungkeun dihapunten wae boh ka kang Yudi oge anu sanesna anu tos ngaraos kasigeung ku seratan abdi... anu mung kadorong ka keuheul ka sabagean jalma anu matak ngabalukarkeun nambahan pangangguran di nagara urang alatan kalaburna para Investor.. > > Teu sanggem sim kuring kedah ngagentos posisi kang Yudi mah.. malah ancur keh.. biasa hirup susah dipasihan lahan anu matak piserabeun..meun teu kiat iman mah.. malah nambah ancur ateuh.. jadi wae abdi ngawayuh teh.. hehehee.. > > mugia kersa ngahapunten.. > > cag > > Salam Baktos, ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> What would our lives be like without music, dance, and theater? Donate or volunteer in the arts today at Network for Good! http://us.click.yahoo.com/MCfFmA/SOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

