|
Assalaamu'alaikum wr. wb.
Teh Tien, abdi didieu ti kawit 1992
.
Nuju usum Jumaahan dinten ieu mah he he
.....
Nuju usum pancaroba, sakapeung haneut
sakapeung tiris sanaos aya panonpoe. Mangga atuh hiber kadieu, moal teu
diangkeun :-)
Kang Soni, ngiring bingah tuang putra
salamet, Alhamdulillah, mugi teu kateterasan shockedna sing sehat lahir batin.
Rejeki anu ical mugi sing enggal
digentosan ku Allah kalawan manglipet-lipet. Amiin.
Hawatos nya, eta jalmi mani dugi ka tega
ngarampog budak sanes milari rejeki ku jalan halal.
Kang Akhmad ti Leuwisari? Abdi ge seueur
baraya ti daerah Leuwisari teh, kulawarga Bani Mukhtar anu kawitna
ti Padakaria.
Ari abdi mah kapungkur sakolana di
Bandung.
Kang Duli, ari leres jeger mah sok atuh
pangnenggeulkeun anu nyopet budak Kang Soni, hawatos ngarah teu
deui-deui.
Kang Dani, teu aneh atuh kapan sakapeung
aya 2 rupi tarif teh di Indonesia mah, anu resmi lebet ka kas nagara sareng anu
teu resmi, sapalih lebet kana pesak.
Aeh hatur nuhun info waterworld-na, mung
eta weh mani awis karcisna nya?! (nuju ngadamel agenda kanggo acara ngasuh
barudak ari engke wangsul ka lembur).
Kang Tirta, pangdugikeun ka tuang putra
Wilujeng Milangkala. Abdi ngiring ngaaminkeun do'a ramana.
Neng Iva, abdi mah kantosna di daerah
Cicadas/Padasuka.
Gaduh pun Uwa di Jalan Kopo teh namina
Sumarya palaputrana teh aya Yayan (alm), Neneng, Dadan, parantos darewasa. Kenal
henteu? Janten sono ka urang Kopo.
Kang Lukman, hatur nuhun informasina, mani
sapertos jamur di musim hujan nya kristenisasi teh. Kantos nguping saurna di
Garut oge aya, sasaranna teh tukang beca anu sok parkir di payuneun salah sahiji
rumah sakit swasta, diolona ku pangobatan gratis sareng sembako. Ari di Lombok
mah saurna 400 rebu saurang dipaparinna anu keresa pindah agama teh.
Kemiskinan mengakibatkan kekufuran,
janten dina syiar Islam teh panginten urang kedah langkung merhatoskeun ka jalmi
nu teu aya supados teu kaelehkeun ku missionaris.
Kanggo Kang Agus Haedar Usman, wilujeng
sumping di babakan KUSnet, salam kenal :-)
Sakitu heula, salam kanggo
sadayana.
Baktos,
Lies
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Imel borongan L Parish
- Re: [Urang Sunda] Imel borongan indung peuting
- Re: [Urang Sunda] Imel borongan Yudi Irmawan
- Re: [Urang Sunda] Imel borongan Jalak Pakuan

