Euleuh......ngaborong teh leresnya teh Lies.......he he
Geuing tos lami....! panginten murangkalihna sapertos bulenya...! nuhun pangangkeuna...mugia wae diparengkeun, da kahayang mah sanes mahiwal hayang ngulilingan dunya...tapi duka carana kumaha..? sugan teh Lies aya jurus tiasa kukurilinngan, sadaya baraya kaanjangan...he he...
Didieu mah nuju panas haredang, sok hayang ngiuhan dina handapaeun tangkal salam...tapi anu kumaha tangkal salam ?, sereh mah parantos terang da diburuan aya......
Cag..!
salam
teh tien
L Parish <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
L Parish <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalaamu'alaikum wr. wb.Teh Tien, abdi didieu ti kawit 1992 .Nuju usum Jumaahan dinten ieu mah he he .....Nuju usum pancaroba, sakapeung haneut sakapeung tiris sanaos aya panonpoe. Mangga atuh hiber kadieu, moal teu diangkeun :-)Kang Soni, ngiring bingah tuang putra salamet, Alhamdulillah, mugi teu kateterasan shockedna sing sehat lahir batin.Rejeki anu ical mugi sing enggal digentosan ku Allah kalawan manglipet-lipet. Amiin.Hawatos nya, eta jalmi mani dugi ka tega ngarampog budak sanes milari rejeki ku jalan halal.Kang Akhmad ti Leuwisari? Abdi ge seueur baraya ti daerah Leuwisari teh, kulawarga Bani Mukhtar anu kawitna ti Padakaria.Ari abdi mah kapungkur sakolana di Bandung.Kang Duli, ari leres jeger mah sok atuh pangnenggeulkeun anu nyopet budak Kang Soni, hawatos ngarah teu deui-deui.Kang Dani, teu aneh atuh kapan sakapeung aya 2 rupi tarif teh di Indonesia mah, anu resmi lebet ka kas nagara sareng anu teu resmi, sapalih lebet kana pesak.Aeh hatur nuhun info waterworld-na, mung eta weh mani awis karcisna nya?! (nuju ngadamel agenda kanggo acara ngasuh barudak ari engke wangsul ka lembur).Kang Tirta, pangdugikeun ka tuang putra Wilujeng Milangkala. Abdi ngiring ngaaminkeun do'a ramana.Neng Iva, abdi mah kantosna di daerah Cicadas/Padasuka.Gaduh pun Uwa di Jalan Kopo teh namina Sumarya palaputrana teh aya Yayan (alm), Neneng, Dadan, parantos darewasa. Kenal henteu? Janten sono ka urang Kopo.Kang Lukman, hatur nuhun informasina, mani sapertos jamur di musim hujan nya kristenisasi teh. Kantos nguping saurna di Garut oge aya, sasaranna teh tukang beca anu sok parkir di payuneun salah sahiji rumah sakit swasta, diolona ku pangobatan gratis sareng sembako. Ari di Lombok mah saurna 400 rebu saurang dipaparinna anu keresa pindah agama teh. Kemiskinan mengakibatkan kekufuran, janten dina syiar Islam teh panginten urang kedah langkung merhatoskeun ka jalmi nu teu aya supados teu kaelehkeun ku missionaris.Kanggo Kang Agus Haedar Usman, wilujeng sumping di babakan KUSnet, salam kenal :-)Sakitu heula, salam kanggo sadayana.Baktos,Lies
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

