Nuhun ah piduana, mun abdi sareng kang yudi janten Pamingpin negeri Inulesia jigana moal langkung ti tilu dinten. Da langsung difitnah korupsi para koruptor, apan di negeri ieu mah seueur pisan Brutus alisa Sangkuni upami dina pawayangan mah!
Sadayana aparat pamarentah bakal ngalundurkeun diri margi, ka kantor kedah ngangge angkutan umum!
Harta bendana dizakatan sakumaha mistina, tah lebetkeun ka Baitul Mal...bagikeun ka rahayat.
Pajabat anu koruptor, teukteuk suku sareng leungeuna! hehehehehh
 
Jigana mun di negeri ieu, sakur2 koruptor dihukuman qishos! Ampir sadayana pamingpin sareng pajabat teu garaduh sampean sareng panangan!
 
Deny

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ulah ngalamun kang Deny...bilih kuuleun ....he he, gentos atuh kapimpin teh ku kang Deny nyalira sareng kang Yudi, moal teu aratoheun batur utamina si teteh da tos terang saha kang yudi, saha kang deny......he he, sok ah..sugan jadi...sumuhun pamimpin bangsa...

Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nyaeta atuh kang yudi, abdi mah sok ngalamun: Iraha nya urang tiasa ngalaman dipingpin ku pamingpin ulah rosululloh teuing lah isin, dan moal aya deui jalmi jiga rosululloh mah. Ieu mah pamingping jiga Umar Bin Khotob atanapi Umar Bin Abdul Aziz we atuh, anu tiasa ngempelkeun zakat dina Baitul Mal sareng tiasa digunakeun kanggo keperyogian nagara!
 
Tapi ketang jigana moal aya, ipis harepan abdi mah. Di Inulesia mah, pamingpin teh tong boroning mareuman lampu kulantaran sieun lisah tanah ti nagara kaanggo kana kapentingan pribadi (Umar Bin Abdul Aziz) apan di Inulesia mah. Ka aspal, gunung sareng leuweung oge dirampog kango kapentingan pribadi! :-)  Sanes kuisin na teh eta deuih para koruptor teh ngarango gelar haji nya?
 
deny
Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Eh numutkeun abdi mah teu nanaon Kang, otokritik...

Abdi oge sering ngahuleng, upami cobi2 ngetang kasar potensi zakat
kedahna mah seueur: GDP Indo mis. 400 Trilyun, misalna wae 40% GDP
asalna ti WNI muslim (nu 85% tea). Upami rata2 zakat maal 2.5% kedahna
mah tiap taun aya dana kirang langkung 4 Trilyun (2,5% x 400T x 40%)!
lumayan ageung nya? Padahal deui, di UU Pajak pami teu lepat zakat teh
tos kalebet pangaluaran nu tiasa ngurangan pajak (tax deductible
expenditure).

Duka melempemna zakat teh kulantaran memang teu acan seueur lembaga
pengelola zakat nu profesional. Sanes profesional dina nyalurkeun wae
tapi nu langkung penting profesional sareng efektif dina narik zakat.
Atanapi memang urang (muslim nu mampuh) nu tacan mraktekeun zakat
maal/profesi/pertanian/perdagangan ieu?

Sok naros ka diri pribadi: taun ieu geus mayar zakat maal henteu nya?
sok hilap. Padahal mah sakedik, mung 2.5% tina gaji (take home pay) tea

baktos
Yudi

--- In [email protected], Deny Suwarja wrote:
> Amiin ya Robbal alamin!
> protesna ditampi teh, enya nya abdi mah egois. pan seueur dulur
urang oge anu dibarantosan  teu kedah kana kagiatan abdi wungkul.
Hapunten ah ka sadaya dulur abdi tos ngucapkeun sasauran kirang sae!

> Deny




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Find restaurants, movies, travel & more fun for the weekend. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke