Ti kamari saacan serelek perkara karusuhan Mei mucunghul dina inbox, kuring geus inget kana karusuhan Mei. Harita dulur2 kuring nu gawe di kota ngendong dikontrakan kuring kusabab teu bisa balik kaimahna masing2 nu aya pasisian Jakarta. Kontrakan kuring tatanggaan jeung komplekna Pa Habibie anu pas kajadian harita pinuh ku tangtara leuwih loba batan biasana. Bisa wae di gang hareupeun kontrakan dor-dar perang antara kubu Moerdani jeung Prabowo. Kana kajadian eta kuring saukur bisa manjatkeun puji syukur ka Gusti Allah tos disalametkeun tina marabahaya tur teu poho ngingetan diri sorangan sangkan teu kagulung ku napsu anu kaleuleuwihi.

 

Sahenteuna anu cicing di Jabotabek waktu karusuhan Mei pasti aya nu inget. Ari keur anu cicing di luar Jabotabek mah teu wajib teuing inget jeung wajar wae kapohokeun oge kusabab taun ieu urang teh babak belur ditarajang ku sagala rupa bencana alam, pan gening leuwih loba korbanna oge tibatan karusuhan Mei. Nyata nambahan anu sangsara di nagara urang.

 

Ruko / mal anu harita jadi objek dudurukan geus leuwih loba nu diwangun tibatan resapan cai jeung banjir kanal. Pelecehan seksual teu kudu nungguan karusuhan dina kopaja oge geus jadi kabiasaan. Jelema maehan jelema geus teu aneh kadengena. Penjarahan geus asup nepi di imah2. Perkara hukum jang pelaku? Kuring cangcaya bisa bener2 dilaksanakeun, palingan jelema nu keur silaturahmi kadulurna dituduh maling, digarebugan, tuluy dipanggang.

 

Alusna lamun Ariel Heryanto hayang ngangkat masalah karusuhan Mei, teu kudu nyapirakeun usaha batur anu ceuk kuring mah geus nyata alus tujuannana. Coba lamun maksud Ariel Heryanto disimpulkeun yen manehna teh sabenerna bogoheun ka Inul, hobi zinah disisi jalan tur anti ka Rhoma Irama jeung Aa Gym. Atawa sabenerna Ariel Heryanto teh dititah ku Raam Punjabi keur ngalunturkeun resistensi kana kabebasanberekspresi” make isu kaadilan keur korban karusuhan Mei, sangkan hiji mangsa Raam Punjabi bisa bebas ngajual BF di nagara ieu. Pasti Ariel Heryanto moal sudi dituduh sarupa kitu, leres? Cik lah nu baleg euyulah ngarasa pang benerna!!!

 

 

 

Cag heula tos teu kiat hoyong hees….zzzzzzz

 

 

 

 

 

-----Original Message-----
From: ayi [mailto:[EMAIL PROTECTED]]
Sent
: 15 Mei 2005 20:17
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re; Fitnah ieu mah euy!

 

Sapagodos sareng Bah Willy.

Kajadian Mei mah teu kedah dialing2 mun leres kitu kanyataanana. Abdi satuju sadaya palakuna dicandak ka pangadilan tur dihukum. Ngarah jelas, kapok jeung masalah ieu teu dilebarkeun kamamana dipake tudah-tuduh teu pararuguh.

 

Mung aya sakedik kabingung abdi ku seratan Ariel Heryanto teh, terutama di tilu paragraf terakhir. Ningali kalimat2 anjeuna, aya kesan kajadian Mei dipake pikeun ngritik usaha sabagean masarakat nu gaduh nilai konservatif (anti Inul etc)? Janten kerung: naon hubunganana? Sabab upami logika ieu konsisten, ieu artina anjeuna yakin yen mun Inul/ciuman di muka umum dibebaskeun jrrd, kajadian siga Mei 1998 leutik kamungkinana kaalaman deui! Naha leres kitu? hmmmmm .....

 

Baktos

y

*********************

Lupa secara nasional pada peristiwa Mei 1998

Bermodal kepercayaan pada tingginya moralitas bangsa, ada yang marah ketika Inul berdangdut karena dianggap tidak sesuai dengan sopan santun bangsa.
Perkosaan sebagai tontonan massal di pusat Ibu Kota boleh diabaikan atau dilupakan, tapi tidak ada maaf untuk sebuah film nasional yang menampilkan remaja berciuman!

Sedahsyat apa pun kekejaman Mei 1998, peristiwa itu mungkin tidak
punya tempat di pikiran para tokoh penegak hukum yang sibuk mengesahkan pasal pidana bagi kekasih yang berciuman di muka publik. Menurut salah seorang perumus pembaruan KUHP: perilaku itu merupakan sebuah kejahatan. Mengapa? Karena itu tidak sesuai dengan adat dan
kesopanan kita sebagai bangsa Timur.

Setengah tiang.

 

 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke