Hehehehe .......aya-aya wae Kang Asep. Enya anu pangheulana nyicingan buwana Amerika mah urang kulit beureum alias urang Indian. Disebut urang Indian teh sabenerna istilah salah kaprah. Columbus nyangkana manehna tepi ka daratan India, sabab maksud manehna berlayar ka kulon (lain ka wetan) teh rek neangan jalan beda jeung nu biasa dilakukeun ku para pelaut eropa jaman harita, ku kayakinan yen dunya teh buleud. Salah sangkana tepi ka ayeuna, di sagara Atalantik deukuet Amerika, aya kepuloan nu diaranan Hindia Barat, tempat mimiti columbus nimukeun daratan. Papanggih jeung jelemana, gancangan we disebut urang India, padahal teuing puruneun teuing henteu urang Amerika Asli ieu disebut urang India (Indian)!
Baktos, WALUYA --- In [email protected], asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hiji waktu juragan guru naros ka murid-muridna: "Cing > jawab barudak, saha anu pangheulana nimu buwana > amerika?". Si Ibro rada ngagebeg ngadenge pananya > sarupa kitu. Manehna ngacung sarta ngabudalkeun > kahemengna: "Anu leres juragan, naha tiasa buwana anu > sakitu ageungna teh kantos ical?". > > AJ > > --- nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> What would our lives be like without music, dance, and theater? Donate or volunteer in the arts today at Network for Good! http://us.click.yahoo.com/MCfFmA/SOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

