Naha kunaon kang ari kapuloan nusantara ku urang barat mah osok di sebut kapuloan Hindia wetan?

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hehehehe .......aya-aya wae Kang Asep. Enya anu pangheulana
nyicingan buwana Amerika mah urang kulit beureum alias urang Indian.
Disebut urang Indian teh sabenerna istilah salah kaprah. Columbus
nyangkana manehna tepi ka daratan India, sabab maksud manehna
berlayar ka kulon (lain ka wetan) teh rek neangan jalan beda jeung
nu biasa dilakukeun ku para pelaut eropa jaman harita, ku kayakinan
yen dunya teh buleud. Salah sangkana tepi ka ayeuna, di sagara
Atalantik deukuet Amerika, aya kepuloan nu diaranan Hindia Barat,
tempat mimiti columbus nimukeun daratan. Papanggih jeung jelemana,
gancangan we disebut urang India, padahal teuing puruneun teuing
henteu urang Amerika Asli ieu disebut urang India (Indian)!

Baktos,
WALUYA




--- In [email protected], asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hiji waktu juragan guru naros ka murid-muridna: "Cing
> jawab barudak, saha anu pangheulana nimu buwana
> amerika?". Si Ibro rada ngagebeg ngadenge pananya
> sarupa kitu. Manehna ngacung sarta ngabudalkeun
> kahemengna: "Anu leres juragan, naha tiasa buwana anu
> sakitu ageungna teh kantos ical?".
>
> AJ
>
> --- nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >
> >





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke