Aya bentenna perankan Cina sareng urang Walanda di urang. Ari 
Walanda mah jelas-jelas ngajajah ari urang Cina mah daratang 
kadarieu lain inisiatif nagarana, tapi leuwih ku inisiatif pribadi 
neangan kahirupan nu lewih alus. Urang Cina daratang kadieu, aya oge 
anu didatangkeun ku Walanda keur buruh kasar, jiga nu nyieun jalan 
KA Jakarta - Bandung jeung Jakarta-Sukabumi ( ceuk Haryonto KUnto, 
semerbak Bunga di Bandung) .Tapi aya oge anu didatangkeun ku 
pangawasa di urang, jiga Cina-Cina di Kalbar, anu didatangkeun ku 
Sultan Sambas keur nambang emas di daerah Sambas. Peryogi oge 
terang, aya sejarahwan Indonesia, Prof. Dr. Slamet Mulyana nu 
nyebatkeun yen penyebaran Islam di Indonesia (jawa) teh ku urang 
Cina, malah anjeunna gaduh pamandegan yen wali-songo teh sabenerna 
paranakan Cina. Buku Prof Slamet Mulyana ieu kantos dilarang ku 
pamarentah Orde Baru.

Urang Cina dibutuhkeun tapi oge bari jeung dibenci, utamana mah ku 
urang Barat. Dina sajarah urang, di Batavia kantos aya 
kajadian "penyembelihan massal" urang Cina nu ngahiji jeung kaum 
pribumi barontak ka walanda. Di Australia oge aya kasus ngabantai 
urang Cina di akhir abad 19. Kabencian sabagaian urang Australia ka 
urang Cina, dilanggengkeun tepi ka ayeuna ku ayana partey di 
Australia anu anti imigran urang Asia. Urang Bule rada sieuneun ku 
urang koneng ieu, sabab jelemana loba pisan, jiga sireum, jelemana 
garetol, daek digawe naon wae jeung bisa hirup saayana. Kumargi kitu 
teu aneh lamun aya pandangan ti etnis sejen yen urang Cina teh 
sarakah.

Ceuk kuring mah, urang Cina lain sarakah, tapi pragmatis. Kuring 
inget ka papatah ti pamingpin Cina nu ngarobah Cina Komunis jadi 
Kapitalis, nyeata Deng Xiao Ping nu nyebutkeun manehna mah teu perlu 
warna bulu ucing, rek hideung, rek koneng atawa rek warna naon, da 
nu penting mah bisa newak beurit!

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Ari lebah loba jasa mah kang, Walanda ge kacida gede jasana ka 
urang Indonesia umumna, ka US hususna. Kareta Api, Arsitektur, 
Ngabangun kota (Bandung, Bogor, Garut), Pendidikan, Nanjeurkeun basa 
jeung budaya Sunda, Ngenalkeun elmu kanyaho jeung tehnologi Barat, 
administrasi pemerintahan, hukum jrrd.
> 
> Tapi sakabeh jasa Walanda diluhur lain hartina urang ngantep karep 
Walanda lin? 
> Kuring kungsi ngarungu ngeunaan hiji buku anu eusina nerangkeun 
yen bangsa China perantau loba dimusuhan ku bangsa - bangsa lianna. 
tapi kuring teu apal judul bukuna. tapi lamun akang arek neangan 
bukuna di Gramedia sigana aya.
> 
> Soal tuduhan urang Cina sarakah, urang pribumi oge sarua 
sarakahna, 
> komo anu jadi pejabat mah. Urang Cina sarakah bari digawe, urang 
> pribumi sarakah bari calik cungkelid-cungkedang dina kursi males, 
> ngadagoan sogokan ti urang Cina .......hehehehe
> 
> Kang euweuh bangsa anu bisa nandingan sifat materialistikna urang 
China salian ti urang Yahudi. sasarakah - sarakahna bangsa Indonesia 
moal siga urang China.
> 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Ever feel sad or cry for no reason at all?
Depression. Narrated by Kate Hudson.
http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke