Leres kang, abdi karek saminggu kamari ti Balikpapan teh, Kotana enakeun... jalan-jalan tartib, di suku lima/ trotoar teu aya nu ngampar ngajualan cangcut jeung kutang he he he ... estuning rapi pisan... Malah mah si kuring teh era ku urang balikpapan teh.. kukurilingan di balikpapan teh make motor, kabiasaan di Jakarta kababawa... pas beneran lampu lalulintas beureum.. motor teh dieureunkeun diluhureun polet belang kuda Zebra... beu eta mah da pada malencrongkeun... era.
 
Abdi oge ngadangu yen di Balikpapan aya larangan miceun runtah sambarangan.
 

"Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Lamun kaparengan ngulampreng ka balikpapan terus heug naek angkot bakal manggihan tempat runtah di tiap angkot, ieu kulantaran Pemda Balikpapan ngaluarkeun Perda anyar ngeunaan runtah, diantarana nu kainget ku kuring :
- Teu meunang miceun runtah salian di tempat runtah nu disayagikeun jeung di tempat runtah lianna
- Teu meunang miceun runtah diantara jam 6.00 - 18.00
- Tiap imah kudu ngabogaan tempat runtah
- Tiap angkutan umum kudu ngabogaan tempat runtah
asa loba eusi ieu perda teh tapi ngan sakitu nu kainget ku kuring...
sigana bisa oge dilarapakeun di bandung jeung di tempat lianna di sakuliah tatar sunda



Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke