Perkara dasar hukum poligami teh sabenerna enggeus diposting kukuring ti postingan anu pang munggaranana.
Hampura kasadayana bisi aya anu teu panuju kana perkara poligami (nu utamana mah kaum wanita) entong kasigeung nya, da bongan dina ajaran agama urang mah perkara poligami teh diatur oge.
Postingan - postingan kuring ngeunaan pro poligami lain hartina arek ngabeubeutkeun anu anti poligami, cenah henteu resep kana poligami mangga mosting ngeunaan anti poligami kitu deui anu pro mangga mostingkeun ngeunaan hal - hal anu ngadukung kana pro poligami.
Anu pro jeung anu anti kabehanana dumasar kana hukum - hukum syar'i, ngan meureun beda penafsiran. sedengkeun ari kuring mah panuju ayana poligami teh kulantaran aya sababaraha hal diantarana :
- Sakabeh nabi poligami iwal nabi Adam jeung nabi Isa
- Poligami geus jadi tradisi manusa sadunya ti jaman baheula
- Poligami henteu ngalanggar hak azasi manusia
- Poligami henteu dilarang ku Syariat Islam
- Sifat lalaki anu beukian he..he..he..
- Fenomena jumlah awewe anu leuwih loba
- Tindak kajahatan loba dilakukeun ku lalaki jadi sanajan jumlah lalaki jeung awewe berimbang di Indonesia, kapan sabagean lalaki aya dipenjara
- Ceuk penelitian lalaki leuwih tereh maot, rawan kecelakaan (kusabab sifat agresif), pang lobana dipacok oray, orok lalaki peluang maotna leuwih gede, kasempetan janin jadi lalaki leuwih leutik tinimbang jadi awewe, tempo kajadian perang lalaki anu panglobana paeh. Ieu sakabehna ngakibatkeun jumlah lalaki daek teu daek bakal minoritas. ieu enggeus sunatullah. sanggeus perang dunya ka hiji jeung kadua mangjuta - juta awewe jerman kakurangan lalaki, ayeuna ratusan rebu awewe afghanistan hirup tanpa pasangan, di Jepang taun 1990 surplus awewe 1 juta jiwa, di Rusia kungsi rek disahkeun RUU ngeunaan poligami kusabab jumlah awewe leuwih loba nepi kana level puluhan juta tapi digagalkeun ku gerakan feminis, jrrd.
Suka henteu suka kanyataan ngabuktikeun poligami teh geuning diperlukeun ku manusa. tapi lain hartina sakabeh lalaki kudu poligami ngan ieu mah ngamaksudkeun euweuh gorengna pikeun lalaki anu arek poligami. anu arek poligami mangga anu henteu suka nya alus ari kuat mah henteu nepi ka ragrag kana perjinahan.
Wassalam
Nana Sutrisna
--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Cing-cing... naha aya gunana "perang" posting artikel poligami teh?
> Ceuk kuring mah mending medar hal2 nu sarupa nu dikedalkeun ku Kang
> Yudi ngeunaan sareat Islam. Ngeunaan poligami, cing sok pedar dasar2
> hukum Islam nu aya, mangpaat jeung madorotna (mun aya), kakurangan
> kaleuwihanana, jeung sajabana... Ukur ngutip pamanggih pro kontra
bari
> teu make dadasar hukum nu puguh mah moal aya beakna...
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Make Yahoo! your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
- Re: [Urang Sunda] Puspo Wardoyo ===> Pria Mampu Waji... nana sutrisna
- Re: [Urang Sunda] Puspo Wardoyo ===> Pria Mampu... kumincir
- Re: [Urang Sunda] Puspo Wardoyo ===> Pria Mampu... waluya56
- Re: [Urang Sunda] Puspo Wardoyo ===> Pria Mampu... nana sutrisna
- Re: [Urang Sunda] Puspo Wardoyo ===> Pria Mampu... nana sutrisna
- Re: [Urang Sunda] Puspo Wardoyo ===> Pria Mampu... nana sutrisna
- RE: [Urang Sunda] Puspo Wardoyo ===> Pria Mampu... R. Duli Dimyati D.

