pangulinan rek ngayakeun wisuda, 28 mei dua minggu deui. nu dibendo (nu
dihelm mah nu naek motor) hayang dina acara teh teu make lagu Godiamus nu
cenah hartina teh ngandung eusi pesta bari nginum anggur.

rek make degunx. ngan naon judul laguna? panitjia ngumaha ka abah surya
(gan hidayat suryalaga). si abah nuduhkeun manukna, kang Yus Wiradireja,
ketua jurusan karawitan STSI di Jl. Buah batu tea.

katempuhan, si kuring nu kudu nepungan. nya nganjang ka STSI. tepung jeung
kang Yus sanggeus peutingna nelp. abah surya naros no.telpna.

senen ka STSI. teu aya cenah tembang nu cocog pikeun acara eta. dina ayana
oge teu nyangkut atikan. tapi kang Yus geus nyieun hiji, judulna, Kandaga
Atikan. lapor ka dunungan. okeh cenah. nya bade diperedih sangkan kersa
ngalatih barudak padus, paduan suara jeung grup degung lisenda, lingkung
seni sunda. kang yus reueus ka pangulinan si kuring nu rek wisudaan make
acara pembuka degung jeung sajabana.

di cap gajah bengong mah godiamus diganti ku lagi mars itb. tapi ayeuna
wisudaan di itb sok make seni sunda ti barudak LSS oge angklung
kadang-kadang.

sanajan dunya atikan asalna ti kulon, tapi sabenerna mah ti biara. jadi
kaci mun sabagean tradisina diganti. siga lagu godeamus


mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Dying to be thin?
Anorexia. Narrated by Julianne Moore .
http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke