Kang Yudhi, ti smp 1 bdg yeuhsarua ateuh jeung uingbaheula kuring di kelas J, lulus taun 90 ti smp 1 teh…teras ka sma 9…emut teh ka Pak Barry anu jangkung badag tea sareng saha teh guru olah ragi anu sok nganggo motor gede teh…jeung guru seni rupa teh Pak Dana tea kitusiga kumahanya smp 1 bdg ayeuna?

 

Deuh...ras inget jaman dicalana pondok biru euybalik teh sok leumpang ti ksatriaan ka cipaganti…lain teu boga duit resep we bari ulin mapay jalan paskal…can jadi jeger baheula mahayeuna we di kusnet jadi jeger teh…

 

-----Original Message-----
From: Jalak Pakuan [mailto:[EMAIL PROTECTED]]
Sent
: 17 Mei 2005 16:10
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] nepangkeun...

 

Waalaikum salam wr wb

Mangga lajengkeun yi, sing genah jeung betah di bakus. Kuring Tirta kawit ti Tasik ayeuna dumuk di Maruya. Ke ari aya bemo mah atuh di jalur Casablanca - Tn Abang nya?Tempat ladang amal panginten, dumuk dimana? Kumaha teh Yanti Rufaedah, Iyeh Supriyatna, Tita Djuitaningsih di Ciwaruga?

 

salam

jalakpakuan

yudhi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Assalamualaikum,

akang, ceuceu, aa, teteh, eneng, rai, abah, ambu...

nyuhunkeun widi kanggo ngiring ngariung di KUSnet sareng sakantenan
nepangkeun sim kuring teh nami mah yudhi, kawit ti bandung. namung
ayeuna teh nuju ngumbara turun gunung ngantunkeun lembur ngalih ka nu
disebat metropolitan tea...tapi manawi teh metropolitan teh kota, tapi
gening langkung kakantun ti bandung da buktosna ge masih keneh aya bemo
didieu mah...hehehehehe...janten emut 'masa kecil' ningal bemo teh....
ti lahir kapungkur tahun 77, teras lebet TK sareng SD Yakeswa di jalan
Dr. M. Hatta Bandung, neraskeun lebet ka SMP 1 di Ksatriaan Bandung,
teras ka SMA 7 Bandung, lajeng lebet ka Akuntansi Poltek Ciwaruga,
terakhir di STIE Inaba namung teu acan rengse da kabujeng ngalih ka
betawi...
sakitu panginten kurikulum pite sim kuring, sapertos anu disebatkeun
diaturan ieu milis, supados para wargi sakedikna terang saha sim kuring,
sareng deuih mamanawian aya wargi, sobat, rerencangan, sareng sajabana
anu sami-sami ngiringan ieu milis

hatur nuhun sareng nyuhunkeun hapunten sateuacana...

Wassalam,
yudhi





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke