Ka kadang wargi US sadaya, nyuhunkeun koreksina bisi si kuring salah, keur malikan deui panineungan soal gacong.
"Gacong" teh asal kecapna atawa singketan tina "sasangga-sapocong", maksudna ukuran unit pare baheula (da baheula mah arang langka aya timbangan). Ari sasangga teh mun teu salah lobana aya 10 pocong, sedengkeun sapocong (beungkeutan pare anu sok katitetan keneh di pasawahan mangsa panen), mun teu salah mah diwangun ku 10 cangkeuman ranggeuy pare (anu masih keneh ngantet dina potongan tangkalna karek tas diala ku etem; leres kitu? mugi aya anu tiasa ngoreksi bisi salah).
Sasangga-sapocong teh nuduhkeun patokan buruh anu mangalakeun pare (panen). Tina satiap 1 sangga pare anu digawean ku anu buburuh manen, eta anu buburuh teh meunang hak bagean lobana sapocong. Kitu manawi.
baktos,
manAR
On 5/19/05, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhunnya... "Etem" (ani-ani bhs. Indonesia) hiji alat patani anu tos bade leungit ti kieuna,komo upami tos kalindih ku mesin penuai mah....kamana boa tah etem teh.Emut nuju masih keneh bebenjit, ari ninggal nugacong disawah pun aki, pan anu gacong tehrupi-rupi yuswa ti parawan dugika ibu-ibu tengah tuwuh.Tah ... pas di ibu-ibu anu tos tengah tuwuh, biasana sok limpeuran, upami nuju gacong hoyong ngabedahkeun cai radiator, apan tangkal parena jararangkung, janten mung ukur cingogo ditempat bari nyingsat, tah kanggo nyingsatkeun sinjang kedah kudua panangan, etemna biasana sok digegel.Tos beres ngabedahkeun cai radiator, ana celengkeung teh :"Manga ekem uing...??, manga ekem uing..??Eta teh milarian etem, padahal "etemna" digegel...."Etem" siga na tos kedah dilebetkeun kana daftar barang anu kedah di"musieum" keun.PihatursswKomunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.idGeus aya samingguna unggal kuring indit ka kantor,
isuk-isuk sok manggihan nu rek milu gacong, ngabring bari
marawa tolombong jeung nyiru.
Enya da jajalaneun ka imah (di Margawangi) teh ngaliwatan
heula pasawahan sok sanajan teu lega upluk aplak, tapi aya
keneh sawah.
Mun ningali kitu sok waraas, ras inget jaman baheula jaman
keur budak, ngadon pahibut ngilu ka sawah, ngan ukur ribut
ulin wungkul, nyieun empet-empetan tina jarami, ari ki
lanceuk mah empet-empetan sok leukeun make janur ambih
sorana tambah harus.
Aya bedana gacong mangsa kiwari jeung gacong mangsa
bihari, ari ayeuna mah ngan ukur make arit, ari jaman
baheula mah kapan make etem. Duka teuing kunaon ayeuna mah
etem tara dipake, duka pedah parena beke meureun, da
baheula mah anu inget keneh pare teh asa jangkung, mun
motongna make etem teh teu kudu dongko.
Tadi peuting kuring ngawangkong jeung budak nu kakara
kelas 2 SD, ceuk kuring teh " engke dinten minggu urang
ningali nu gacong yu...!", budak teh rungah ringeuh kalah
ka balik nanya "....Abah naon gacong teh...?"
MSasmita
Gacong wancahan tina sasangga sapocong hartina sarua jeung
derep atawa buburuh dibuat.
MSasmita
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

