WALUYA : Maksadna dititah teh ukur dianjurkeun atawa dipaksa? upami
dianjurkeun nya teu sawios-wios, ngan upami dipaksa/dikudukeun mah
panginten ngalawan kabebasan mikir tea (milih partey sabenerna mah
salah sahiji kabebasan mikir).Nana : sekedar anjuran kang barijeung dipapatahan
WALUYA : Oh maksadna kitu. Tapi kade ulah hilap poligami di nagara
urang ayeuna oge dilegalkeun, undang-undang diurang henteu
ngaharamkeun poligami, ngan make syarat-syarat, teu meunang kitu
wae. Jadi persis jiga kasus dina pepegatan, nu dina fiqh Islam mah
gampang pisan, tapi ku nagara ditambahan make pangadilan agama
sagala. Poligami oge kitu, meunang asal diizinan ku pamajikan nu
kahiji ( lamun kakara boga pamajikan hiji .......duka lamun geus dua
mah kuring teu apal).Nana : masalah ieu mah sapamadegan kuring oge
WALUYA : Sakali deui kuring satuju lamun ukur anjuran jeung dakwah,
tapi kuring henteu satuju lamun kudu dipaksa. Sabab lamun maksa
tungtungna hareupeun jiga nu heueuh, ditukangeun beda deui. Kudu
dibedakeun antara ibadah nu kaciri/bisa diukur jiga zakat jeung
ibadah anu hubungan manusa jeung sang Penciptana. Ibadah zakat
gampang ngukurna da make ukuran barang, Si X geus mayar zakat sakieu
rupiah, saton pare jrrd, tapi ibadah anu sejenna, kumaha ngukurna
hiji jelema dianggap musyrik jeung "sesat"? Apan aya ucapan
Wallohualam, keur nunjukeun urang mah teu terang nanaon, sabab nu
sagala terang mah ngan Gusti Alloh Swt.Nana : sabenerna mah ieu ge bisa kang diantarana nyaeta sok aya sasajen, ngalarung dilaut jeung sok mekel keris leutik atawa "isim" na dompetna. ieu pan bukti ajaran anu campur aduk anu teu diajarkeu ku SI
WALUYA : Tah nu jadi masalah Sunni oge henteu hiji, seueur oge
aliranana dibuktoskeun ku seueurna pamendak nu beda-beda. Ceuk
ajengan ieu kieu, ceuk ajengan itu, kitu. Dianggo nu ieu, nu itu
protes, nu itu dianggo, nu ieu ngambek. Masalah kaimanan / kaagamaan
hese dikompromikeun, metoda demokrasi moal bisa diterapkeun dinu
soal ieu, minoritas moal daekeun kitu wae nurut ka mayoritas ari
soal kaimanan mah, sabab eta mah prinsip.Nana : Ceuk pamanggih kuring mah bisa wae kang, sabenerna mah sanajan beda - beda pamadegan tapi ieu lain dina masalah pokokna, da kabeh oge solatna mah nyanghareup ka ka'bah, kitab sucina angger alqur'an, nabi ahirna tetep nabi Muhammad, rukun iman jeung rukun islamna tetep sarua. anu dipasualkeun teh biasana masalah - masalah laleutik saperti qunut, tahlilan, curuk utek - utekan jsbn.
Kabeh oge lamun ditanya jilbab wajib henteu? solat wajib henteu? puasa wajib henteu? mayar zakat wajib henteu? pasti kabeh oge ngajawab "wajiiib!!!". lamun ditanya babi haram henteu? arak haram henteu? zinah haram henteu? korupsi haram henteu? kabeh oge pasti ngajawab "Haraaam!!!"
Jadi kasimpulanna mah pasualan perbedaan eta henteu bisa jadi alesan pikeun urang henteu nerapkeun SI. kapan urang islam teh ngenal silaturahim, islah jeung ukhuwah islamiyah anu hukumna wajib. piraku deui para ulama parasea tibang kulantaran beda pamadegan ngeunaan ijtihadna anu beda bari ngorbankeun hal - hal anu difardukeun ku agama
SalamNana Sutrisna
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

