----- Original Message -----
From: nana sutrisna
To: [email protected]
Sent: Thursday, May 19, 2005 9:52 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Islam Warna-Warni >

Nana : sabenerna mah ieu ge bisa kang diantarana nyaeta sok aya sasajen,
ngalarung dilaut jeung sok mekel keris leutik atawa "isim" na dompetna. ieu
pan bukti ajaran anu campur aduk anu teu diajarkeu ku SI

WALUYA : Saleresna mah perkawis upacara pesta laut di pamayang (nelayan)
atanapi upacara dewi Sri di patani, nunjukeun harangana (haus) batin para
pamayang atawa patani kanu Maha Kawasa. Beda jeung urang, Pamayang hirupna
teh pinuh ku tantangan, angkleung-angkeungan di sagara nu ombakna gede,
cuaca nu bisa ujug-ujug robah, beubeunangan lauk anu acan puguh, hirupna
pinuh ku teukapastian. Maranehna perlu hiji kapercayaan, keur nenangkeun
kahirupan anu pinuh tantangan jeung "ketidakpastian". Nya muncul kapercayaan
kanu ngawasa laut nu saluyu jeung kahirupan manehna. Sanajan maranehna
Islam, alam pikiran maranehna ngarasa acan cukup kana hanaangna maranehna ka
nu kawasa, nya ditambahan atawa tetep nyekel sabagaian kapercayaan baheula.
Islam, nu lahirna di padang pasir, tangtuna we loba conto kahirupan urang
padang pasir, tapi kahirupan pamayang mah rarasaan teh teu aya (CMIIW). Ieu
tantangan keur juru dakwah, kumaha Dakwah Islam supaya bisa nutup hanaangna
batin kaum pamayang kanu Kawasa.

Kitu deui patani jaman baheula. Pare keur masyarakat urang jaman baheula,
penting pisan sabab euweuh pare hartina kalaparan. Padahal melak pare
dijaman baheula loba resikona, diserang hama, kahalodoan jrrd. Tah didieu
para patani perlu kapercayaan keur nyanghareupan "ketidakpastian". Sanajan
Islam dianut geus lila, kapercayaan ieu teu leungit, masalahna sarua jeung
pamayang, Islam lahir di arab  nu beda jeung kultur di urang. Nyaritakeun
Onta, anggur, minyak zaitun jeung roti ka patani, moal asup kana hatena,
dianggap ukur dongeng, sabab henteu aya pakuat-kaitna jeung kahirupan
manehna. Maranehna leuwih resep ka Dewi Sri Pohaci, nu ceuk rarasaan
maranehna deukeut jeung kahirupan sapopoe. Ieu oge tantangan, sanajan keur
patani jaman ayeuna mah kapercayaan ka Dewi Sri teh geus ampir teu aya
(luntur). Naon sababna "luntur"? "ketidakpastian" patani dina melak tatanen,
ayeuna ngurangan ku ayana obat hama, irigasi (moal kagaringan) jsbte.

Tah kitu kang Nana, soal kunaon loba nu rada mempar tina ajaran Islam nu
sabenerna. "Ketidakpastian" dina kahirupan jeung ageman nu aya teu bisa
nutup keur nyanghareupan "ketidakpastian" ieu. Janten ulah maen tuduh
bid'ah, musyrik kanu kieu, didakwahan we nu "membumi" nu asup kana alam
pikiranana. Kudu sabar memang da sesah ngayakinkeun jelema teh.

Perkawis legenda Prabu Siliwangi ngahyang sareng Keansantang papendak jeung
Bagenda Ali, kuring malah curiga, nu ngadamel legenda ieu teh para
"misionaris" Islam jaman beheula. Dongeng ieu diperlukeun keur ngalegimitasi
para pangawasa Islam dina nyebarkeun agama Islam di tatar Sunda. Ceuk
sajarah di urang, para pangawasa sok nyieun dongeng keur ngalegimitasi
kakawasaanana. Cobi tingali silisilah karajaan Mataram (karjaan  Islam di
Jawa), bakal kaget, da silisilahna teh dimitiaan ti Nabi Adam, Arjuna,
Abimanyu, Nabi Muhammad............nembe turun ka para Sultan di Mataram.
Sultan di Mataram Islam oge henteu euleum-euleum nyieun legenda, yen salah
sahiji istrina teh ......Nyai Roro Kidul!. Logikana lamun gaduh istri ti
kaum dedemit, rakyat anu percaya ka Nyai Roro Kidul otomatis nurut ka
carogena ....hehehe.

Legenda Parbu Siliwangi ngahyang jeung Keansantang sabenerna mah tinggal
legenda, teu ngabahayakeun aqidah, da ayeuna mah seueur anu parantos ngarti.
Jadi statusna jiga carita wayang, mahabarata jeung Ramayana. Urang Sunda
ampir sadayana Islam, tapi da resep we kana wayang mah.  Kuring protes lamun
wayang teu meunang deui ditanggap!

Baktos,
WALUYA






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Does he tell you he loves you when he's hitting you?
Abuse. Narrated by Halle Berry.
http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke