Sip lah kang yaya...............
Sumuhun salut ka kang Yaya, tiasaan.....puisi
Mani sagala tiasa, sagala diropea, sagala ditalungtik,
Koneng gede anu jadi pokah, nepi ka kaconcara kamana-mana
SCTV, anu jadi juru warta, kang yaya...baraya urang anu nyongcolang..
Wilujeng kang Yaya.....
Mugia sagala rupi anu ditalungtik aya manfaatna kanggo urang sadaya..amin
Keun batur anu dipuragaanmah ..asal ulah urang.., teu nyambung.....he he he
yr32 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
TATAR SUNDA DIPURAGAAN,
Tatar Sunda dipuragaan,
bongan anakna sorangan nu dalurjana
ruksak nepi ka akhlakna
jalma buriak butut laku
bongan campelak
ka alamna,
ka kolotna,
ka Pangerannana
Tatar Sunda dipuragaan
polio ngadodoho,
poho teu kungsi kawaro
kusta marakayangan
ngalanglang ngarawu lembur
geus puguh demam berdarah
muntahber mah can kungsi leungit
kabeh nyalikan tanah Pasundan
Tanah Sunda dipuragaan
taneuh diseser pada-pada hayang misah
Banten mugen alim bareng
Cirebon kantun ngantosan
cenah Bekasi rajeun milih DKI
duh Bogor poma ulah rek milih paturay
Boa enya Pangeran bendu
ceuk sakaol
pami Alloh kantos murka
ditandaan ku tanahna nu ngeheuretan
jeung renungna kasakit demit
deudeuh teuing
hayu urang areling
Yaya Rukayadi
(Kemis, 19 Mei 2005, Tungtung Seoul)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

