Sapagodos sareng Bah Willy. Upami leres aya perda NON-MUSLIM kedah 
nganggo jilbab, asa kacida, teu aya bedana jeung Prancis nu 
ngalarang make jilbab di sakola/RS/institusi pamarentahan.

Tapi sateuacan nyimpulkeun kieu, sae pisan upami urang konpfirmasi 
(basa kerenna mah tabayyun) heula: naha leres perda na ngawajibkeun 
NONMUSLIM ngangge jilbab? Asa na teh sabodo-bodona jalmi 
konservatif/puritan, pamohalan ngadamel aturan nu bisa jadi "bunuh 
diri" siga kitu. Punten ah bilih aya nu gaduh perda aslina alungkeun 
atuh ka milis! 

baktos
y  
*satuju (henteu rada deui) ka nagara federasi, tapi mampu henteu nya 
urang Indo malihrupa tanpa pacengkadan?*

--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Upami nguping wartos mah salah saurang anggota DPD (Dewan  
Perwakilan Daerah) ti Sumbar oge kirang satuju kana aturan ieu.  Aya 
ucapan Pak Walikota Padang dina MetroTV anu dianggap "racist/facist" 
ku sabagean anu ngupingna. Ucapan ieu nyebatkeun lamun mayoritas 
domba bodas, terus aya domba bulao atawa hideung anu minoritas, 
domba nu beda warnana ieu kudu dibodaskeun. Ucapan Pak Walikota ieu, 
rada teu pantes diomongkeun di Indonesia anu konstitusina ngahormati 
perbedaan (pruralisme).
> 
> Ari kuring emut ka Malaysia, sanajan agama resmi nagara ieu,  
Islam, tapi teu aya pamaksaan atawa imbuan ka non Muslim kudu  
nurutan urang Muslim, sanajan di nagara bagian Kedah nu diparentah 
ku PAS ( partey Islam di Malaysia nu hayang Sarikat Islam "leuwih 
puritan" deui tinimbang SI nu dijalankeun ku partey nu kawasa 
ayeuna, UMNO). Tapi di Indoensia, nu ngaku 5(lima) agama resmi, bisa 
aya aturan daerah jiga kitu.
> 
> Ieu mah ceuk kuring, Perda eta ngalanggar konstitusi nagara urang, 
kuduna ulah aya perda jiga kitu di wilayah republik Indonesia, 
iwal ........ganti heula konstitusi nagara urangna. Apan nagara 
urang teh cenah nagara kasatuan, hukumna sarua wae dimana-mana ge. 
Ganti atuh jadi nagara federasi, nu boga hukum masing-masing jiga di 
Amrik atawa di Malaysia. Tapi satungtung kaonstitusina UUD 45 , mah 
nya kedah nurut!. Moal enya aya walikota ngalanggar konstitusi. 
Presiden RI teh disumpah kudu ngajalankeun konstitusi RI, lamun 
presiden ngalanggar ieu, teu meunang henteu kudu eureun!
> 
> Baktos,
> WALUYA
> (Rada satuju kana nagara Federasi)




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Dying to be thin?
Anorexia. Narrated by Julianne Moore .
http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke