Hoyong mairan sakedik sanaos rada telat.
Aya 2 waleran pikeun patarosan di handap. Waleran anekdotal: upami ditingal ti kalimah ayat 2 tiasa ditafsir yen nu bebas teh mung "meyakini KEPERCAYAAN, menyatakan pikiran dan sikap, sesuai dengan hati nuraninya" sedengkeun perkawis mengamalkan mah henteu diatur. Janten UUD 45 mah henteu nyabit2 perkawis meunang henteuna dijieun aturan ngeunaan amal. Dina kaidah hukum upami hiji norma henteu diatur berarti hukumna meunang (boleh(CMIIW)).
Kapungkur nuju ilubiung alit2an ngadamel salahawios Undang2, sihoreng ngadamel hiji ayat wae oge meni tarapti pisan. Pangemut abdi, nyimpulkeun hiji tindakan ngalanggar atanapi henteu undak-usuk hukum positif di nagara urang tangtos oge kedah tarapti.
Langkung penting ti alesan di luhur, dina leresna oge instruksi walkot Padang henteu saluyu sareng sumanget UUD 45, teras bade naon (tarjamah bebas tina so what? hehe). Konstitusi didamel ku kasaluyuan rahayat (saur jalmi pinter mah kontrak sosial tea). Upami ayeuna aya sabagian ageung rahayat (numutkeun laporan Padang Express) nu hoyong ngadamel aturan nu ngatur kumaha kalakuan jelema di wilayah manehna, naha ieu nu disalahkeun atanapi konstitusina nu kedah dirobih pikeun ngaakomodasi ieu? Perkawis patut henteuna jalmi ngatur kalakuan jalmi lian tangtos eta mah perkawis sanes deui.
Baktos
Y
--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
Punten kuring lain arek madungdengkeun wajib henteuna jilbab keur awewe, teu apal kuring mah, jeung ieu mah masalah kayakinan, teu bisa didebatkeun. Ngan kuring mah rada ngamasalahkeun "Perda Jilbab"na. Cik ceuk baraya, "Perda jilbab" teh ngalanggar konstitusi atawa henteu?, khususna jeung Pasal 28E ayat 2 UUD45 + amandemen 2002. Sabab soal Jilbab ieu, aya oge urang Islam nu percaya jilbab teh henteu wajib jiga pamanggih Dr. Quraish Shihab atawa ulama sejenna nu henteu ngawajibkeun jilbab. Ceuk kayakinan maranehna (hartina kapercayaan maranehna) jilbab teh henteu wajib. Upama aya perda wajib jilbab ......hartina ngalanggar pasal 28E ayat 2 nu ngajamin kabebasan kayakinan/kapercayaan individu (sanes kolektif). Perda sifatna ngudukeun make Jilbab padahal pasal 28E ayat 2 mere kabebasan Kapercayaan keur warga nagara. Aneh keur kuring mah aya Perda nu hiarkina paling handap bisa "ngalawan" kontitusi nu hiarkina pangluhurna di nagara.
Ieu Pasal-pasal Konstitusi RI (UUD45 + amandemen 2002) nu aya pakaitna jeung agama :
Pasal 28E
(1) Setiap orang bebas memeluk agama dan beribadat menurut AGAMANYA dst,
(2) Setiap orang berhak atas kebebasan meyakini KEPERCAYAANnya, menyatakan pikiran dan sikap, sesuai dengan hati nuraninya. **)
Pasal 28I
(1) Hak untuk hidup, hak untuk tidak disiksa, hak kemerdekaan pikiran dan hati nurani, hak BERAGAMA, hak untuk tidak diperbudak, hak untuk diakui sebagai pribadi di hadapan hukum, dan hak untuk tidak dituntut atas dasar hukum yang berlaku surut adalah hak asasi manusia yang tidak dapat dikurangi dalam keadaan apa pun. **)
Pasas 29
(2) Negara menjamin kemerdekaan tiap-tiap penduduk untuk memeluk agamanya masing-masing dan untuk beribadat menurut agamanya dan kepercayaannya itu

--------
Yudi,
engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]