Atuh upami cara mengamalkan diatur mah, panginten patulang-tonggong jeung Pasal 29 ayat (2) :
"Negara menjamin kemerdekaan tiap-tiap penduduk untuk memeluk agamanya masing-masing dan untuk beribadat menurut agamanya dan kepercayaannya itu" Margi nu namina kepercayaan tangtosna oge direpresentasikeun ku cara ngamalkeunana. Ceuk kontitusi Indonesia, nagara ngajamin kamerdekaan ieu. Upami pamarentah (dinu hal ieu Pamarentah Daerah) ngatur cara ngamalkeun agama atawa kapercayaan, rarasaan kuring mah patulang-tonggong jeung Pasal 29 ayat (2). Pamarentah, bade pusat atawa daerah, saleresna mah "Nagara" nu kudu ngatur saluyu jeung konstitusi. Kontitusi Indonesia nu diamandemen taun 2002, hasil ti wakil-wakil rakyat Indonesia, nu tantgtuna oge aya wakil urang Padangna. Jadi kulantaran geus nyaluyuan, kudu dilaksanakeun. Undang-undang sifatna ngiket. Upama mayoritas urang Padang hoyong kaum istrina nganggo jilbab, na hese-hese teuing, mangga we nganggo, da dijamin ku konstitusi Indonesia. Ngan ulah maksa ka batur nu teu sapamikiran, sabab batur oge sarua dilindungi ku konstitusi. Teu satuju wae, aya jalanna : 1). Ngaleupaskkeun diri ti Republik Indonesia (hartina barontak) atawa menta otonomi khsusus jiga NAD. 2). Make cara demokratis, kampanye, supaya kontitusi dirobah, kabeneran ayeuna aya Fuad Bawazier (urut Dirjen Pajak jaman Pak Harto, nu beunghar kacida) keur kampanye referendum soal UUD45 rek diganti atawa moal. Lamun eleh sora, kedah narima. Kitu panginten kang Yudi. Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: ayi To: [email protected] Sent: Monday, May 23, 2005 10:15 PM Subject: [Urang Sunda] Re: Aturan Jilbab jeung Kontitusi RI (UUD45 + Amandemen 2002) Hoyong mairan sakedik sanaos rada telat. Aya 2 waleran pikeun patarosan di handap. Waleran anekdotal: upami ditingal ti kalimah ayat 2 tiasa ditafsir yen nu bebas teh mung "meyakini KEPERCAYAAN, menyatakan pikiran dan sikap, sesuai dengan hati nuraninya" sedengkeun perkawis mengamalkan mah henteu diatur. Janten UUD 45 mah henteu nyabit2 perkawis meunang henteuna dijieun aturan ngeunaan amal. Dina kaidah hukum upami hiji norma henteu diatur berarti hukumna meunang (boleh(CMIIW)). Kapungkur nuju ilubiung alit2an ngadamel salahawios Undang2, sihoreng ngadamel hiji ayat wae oge meni tarapti pisan. Pangemut abdi, nyimpulkeun hiji tindakan ngalanggar atanapi henteu undak-usuk hukum positif di nagara urang tangtos oge kedah tarapti. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Has someone you know been affected by illness or disease? Network for Good is THE place to support health awareness efforts! http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

