Kang MH,
 
Sakumaha ceuk MJ, enya di urang teh komunikasi anu rada kurang teh. Warisan manusa huma kitu anu arang langka parapanggih? hehehe.
 
Enya memang, hajatan kongres Basa Sunda ka 8 di Subang teh tiis-tiis bae, siga anu arek sila ipis atawa siduru isuk-isuk. Si kuring oge meunang katerangan anu rada kumplit ngeunaan eta kongres teh bane bae kamarina manggihan dulur urang anu mindeng tepung jeung panitia, nyatana Kang Nana Munajat (dosen SMKI) jeung Kang Nanang wartawan Galura.
 
Ti aranjeunna, si kuring meunang proposal eta kongres anu mutakhir. Dina eta proposal, didadarkeun ngeunaan kongres, lengkep ti mimiti jejer ageung (thema), kasangtukang, tujuan, pamilon, judul-judul jejer makalah jeung anu pamakalahna. Ke sugan aya waktu urang tuliskeun sangkan dipkawanoh ku sadaya dulur urang di milist.
 
Anu tetela mah, Kongres Basa Sunda ka 8 rencana dilaksanakeun di Subang. Anapon waktuna, anu tadina kaping 14-15 Juni 2005 digeser jadi kaping 28-30 Juni 2005. Ningali jejer-jejer makalah mah asa heunteu aya anu anyar atawa anu matak narik pamilon golongan ngora dina eta kongres teh. Komo ngeunaan basa Sunda di internet mah teu aya pisan. Atuh pon kitu keneh, dina proposal teh heunteu aya strategi kumaha carana sangkan eta kongres sukses di deugdeug ku saloba-lobana pamilon.
 
Baktos,
manAR  

 
On 5/24/05, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

nu kurang di urang teh eta, ngabejaan atawa silih beja. masih keneh papada
baladna sewang-sewangan, utamana nu ngarasa pakar dina widangna. tapi da
ari soal basa atawa budaya mah, beh jauhna, nya unggal jelema nu make oge
nu noongna (kuduna) kaci milu.

lain suudon, ngana ukur a-analisis-an W (weakness) dina SWOT US. bisa jadi
ngan sawareh urang LBSS nu apal internet, milis jeung KUSnet/Ki Sunda.

Hasil Kongress Basa Sunda di Garut (nu duka ka sabaraha kalina) oge apal
teh ti Abah Surya, nu salah salimana eta, soal undak-unduk basa nu
diringkes jadi basa merenah jeung basa loma.




mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]

> Kang Oman, kangaranan kongres basa nu umatna kadua panglobana sa
> Indonesia, kunaon bejana karek nepi wayah kiwari? hehehe. Ari kongres teh
> pikeun saha, boh nu cacarita oge nu ulubiungna? Jeung naon udaganana? Cing
> sugan aya bongbolongan.
>
> Nu kabayang ku kuring, urang Sunda teh sakitu enyutna, naha teu dianggap
> penting upama pada eungeuh aya nu disebut Kongres Basa Sunda? Naha teu
> leuwih penting upama leuwih loba nu eungeuh lewih hade? hehehe deui. Naha
> teu kapikiran ku panitia, upama nyieun situs husus pikeun publikasi
> sangkan dipikaweruh ku balarea. Piraku wadia balad Kusnet euwuh nu daek
> nguruskeunana, upama aya no ngokolakeunana mah.
>
> Salam,
> MH
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Dying to be thin?
Anorexia. Narrated by Julianne Moore .
http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke