Hatur nuhun ka MH jeung kang Oman kana koreksina.
Satadina mah kuring teh hayang nembongkeun yen citra US di kalangan seler sejen teh henteu salawasna alus siga pandangan US ka dirina sorangan. Salila ieu pan anu di omongkeun US ka dirina teh nyaeta US teh bageur, ngelehan, amis budi, someah, sok tutulung jeung sagala rupa karakter - karakter anu nunjukkeun sifat - sifat US anu meh sampurna.
 
Ari ceuk pamanggih kuring (bisa jadi ieu teh salah) sigana diperlukeun kasadaran US nalungtik naon wae pandangan seler sejen ka US teh, moal pati - pati ME nulis kitu lamun salila ieu gambaran US teh henteu nyarupaan kawas kitu. bisa wae urang nolak yen US teh henteu kitu kabeh tapi pan stereotif negatif ngeunaan US moal barobah lamun USna henteu nganyahoankeun naon wae sih anggapan negatif seler sejen ka US teh, lamun urang henteu nyaho citra urang diluar arek kumaha memenerna da urang teu nyaho tea.
 
Sun zi kungsi nyarita kieu : " kanyahokeun diri sorangan jeung kanyahokeun diri batur, dina saratus pertempuran moal papanggih jeung balai "
 
Diperlukeun pisan urang nganyahoankeun kaunggulan jeung kalemahan diri urang teh kang, anu unggul di jaga tuluy ditingkatkeun sedengkeun kalemahanna di dangdanan. henteu ngaku sifat sorangan anu goreng justru pibahyaeun keur hirup kumbuhna US jeung seler sejen, urang bakal hese narima aya anggapan goreng ka diri urang, urang jadi defensif lamun aya anu ngagogoreng, anu leuwih pikamelangeun teh bakal tumuwuhna sifat ngagulkeun selerna sorangan anu pamustunganana ngajadikeun diri urang teh bangsa anu nyombongkeun dirina sorangan.
 
Cara jeung sikep urang Amerika jeung Jepang anu nyumputkeun kagorenganana ieu pan geus ngabalukarkeun tumuwuhna sifat munafik, tengil jeung arogan. sabarahakali Amerika jeung Jepang di demo bangsa deungeun, saha anu teu apal sifat aroganna Amerika saalam dunya geus arapaleun, sifat osok nyumputkeun kagorengan ngabalukarkeun bangsa Amerika jeung Jepang henteu sadar yen citra manehna teh goreng di nagri deungeun mah.
 
Upama tulisan kuring ti heula ngeunaan stereotif negatif teh pibahayaeun (ceuk akang mah bisa ngabalukarkeun etnocide). cing pang bejer beaskeun sifat positif US supaya ieu bisa keur ngimbangan stereotif negatifna
 
 
Wasalam
Nana Sutrisna
 
 


mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kang Oman,
Ari di lembur kuring mah, kalakuan ngaboretekeun kagorengan sorangan teh, sok make babasan "ngaboretekeun liang tai di pasar". Geus puguh "bau", hayoh diuar-uar, matak geunjeung sajajagat. Jigana kalakuan kieu teh kurang hade pikeun konsumsi balarea mah, pangpangna pikeun ngawangun kapribadian. Hiji conto, upamana urang noongan film Amrik ngeunaan perang jeung Vietnam. Geus puguh si Amrik teh asor, tapi ku maranehna tara digambarkeun asorna. Tapi nu digambarkeun teh "humanisme"-na. Digambarkeun kumaha keclakna cimata, keureutan beungeutna tangtara Amrik anu ngangres nyaksian "kakejeman" tangtara Vietnam. Bisa jadi ieu lain kabeneran, tapi maranehna boga misi pikeun ngawangun gambaran dunya yen maranehna leuwih "humanis". Najan bisa jadi dina kaayaan nyatana mah patojaiyah. Karep sarupa bisa dititenan dina film-film India jeung Cina. Najan pakupis ukur make "tangan kosong" bisa ngalawan pakarang anu samakta. Jigana aya tempat nu rada payus pikeun madungdengkeun kalemahan sorangan, upama dina lingkungan terbatas. Jiga lingkunggan akademis, lingkungan pagempungan para inohong, jeung sajabana. Wallahua'lam.
 
Salam,
MH
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya,
Asa kamalinaan teuing upama aya warga masyarakat US anu ngan ukur
nembongkeun kakurangan (Bhs. Indonesia: kelemahan), sok sanajan hal eta teh
disambaraan ku kecap: stereotif.
Paripolah US anu ngan ukur ngaboretekeun kagorengan selerna, ceuk kolot
baheula mah kaasup kana babasan "ajag ngajejewet maneh". Heunteu alus,
utamana disawang tina jihat komunikasi keur kapercayaan diri.
Tingali geura bangsa Jepang, sakitu geus loba kasalahanna nalika perang
dunya ka dua, tapi teu weleh pede bae dina nuliskeun saha ari bangsana teh
atawa nulis sajarahna. Hasilna, kabuktian, Jepang ayeuna mimpin dunya,
utamana dina widang ekonomi jeung teknologi. Sok komo ngeunaan US, da
heunteu goreng-goreng teuing atuh US teh, malah leuwih loba ajen inajen tur
karya anu aralus ti urang Sunda, lamun enya mah haat ngotektakan, tinimbang
anu gorengna.
Aya anu dipikamelang lamun US NGAN UKUR ngebrehkeun hal-hal anu goreng di
selerna, bari can puguh buktina. Melang sok sieun kasebut etnocide. Naon ari
etnocide? sarupa jeung gnocide, ngan etnocide mah dina widang karakter.
Enya, character assassination tea, alias mateni karakter sorangan.
baktos,
manAR

 

 

> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
>
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
>
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Mail Mobile
> Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do You Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new Resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke