Wilujeng Enjing ( waktu Indonesia Kulon) Kang Jaka. Leres kuring masihan info, bilih harilap deui, yen di urang teh di nagara Republik Indonesia, aya kontitusi, nyaeta UUD45 + Amandemen 2002. Ieu kontitusi, pangpangna Amandemen 2002, hasil tina Pemilu 1999. Kanggo ngadamel Amademen 2002 ieu, pengorbanan Rakyat ageung pisan, tina biayana wae triliyunan rupiah (biaya Pemilu) acan biaya "hog-hag" na rakyat, "hog-hag"na wakil urang di DPR + MPR jste. UUD45 + Amandemen 2002 teh hasil maksimum konsensus para wakil rakyat, nu masing-masing mawa kapentingan.
Tapi sanggeus jadi, tetep aya nu hayang ngaganti, teu lepat memang, tapi salami acan diganti, kontitusi ieu kudu ditarurut, namina kedah "taat hukum" tea. Hanjakal pisan, loba pamarentah daerah ku otonomi daerah kacirina mopohokeun konstitusi jeung Undang-undang nu dijieun ku DPR. Maksud Otda sae, tapi otda ge nyiptakeun "raja-raja leutik" di daerah (bupati/Walikota). Seueur Perda anu patulang- tonggong jeung UU atawa UUD. Para bupati jeung walikota teu pati nurut ka Gupernur. Contona, aya bupati di Jawa Barat, leuwih mentingkeun kagiatan sanesna, waktu diondang rapat ku gupernur, alesanana, gupernur lain atasan manehna!. Perkawis Perda Jilbab, salain kalemahanana nu rada mempar tina kontitusi, oge bisa mere alesan lain, keur Pamarentah Daerah nu daerahna lain mayoritas Muslim. Kuring kantos ngadangu hawar-hawar, aya pemda di Indonesia Timur nu ngarencanakeun ayana ngadu (judi)!. Perda "meunang judi" ieu, lamun nepi dijadikeun, jelas ngalanggar UU Republik Indonesia, yen di wilayah hukum Indonesia, judi teh teu meunang, kajeun teuing di tempat eta urang Muslim ngan saeutik. Lamun pamarentah (daerah) wae ngalanggar aturan/hukum, tong disalahkeun lamun rakyat biasa sangeunahna alias "kumaha dewek". Baktos, WALUYA --- In [email protected], joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Rachman punten kuring mairan sakedik. > > Bah Willy bener, yen hukum-hukum (baca : > aturan/peraturan) anu dijieun kudu sajalan jeung UUD > 45, sabab hukum pangluhurna di nagar urang mah geus > sapuk UUD 45. Lamun aya aturan atawa undang2 nu > dijieun sahandapeunnana eusina patukangtonggong jeung > UUD 45, sakuduna UUD eta di"amandemen" deui supaya > sajalan jeung UUD atawa ka eta daerah dibere > kawenangan khusus pikeun ngajalankeun aturan nu beda > saperti nu dibikeun ka NAD. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Has someone you know been affected by illness or disease? Network for Good is THE place to support health awareness efforts! http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

