Kuring sapagodos sareng pemandak kang hasan garut
(MH), perkara kongres basa sunda.
Kuring usul, supados Kusnet, ngirim serat resmi ka
panitia,hoyong ngeusian kongres ngabahas topik "IT
hubunganana jeung kamekaran Basa". Aya kang MH anu
ngarintis digitalisasi Pusaka Soenda, sareng tarjamah
al quran, aya kang Kumincir anu ngadamel wikipedia
versi basa Sunda, aya Ua Sasmita anu ngokolakeun rumah
baca, sareng aya 1500 wargi sunda sa alam dunya anu
dibeungkeut ku kacintaan ka basa sareng budaya Sunda.
Asa pamohalan upama teu aya "rancatan" IT, tiasa
ngabeungkeut urang sunda ti suklakna ti siklukna.
Teras aya kamugkinan sanes, Kusnet tiasa ngusulkeun
digitalisasi, naskah-naskah Sunda anu saur Mng Ayat
masih aya sapuluh peti disimpen di musium nasional teu
acan "kacabak".
Ku jalan ngiringan ulubiung di kongres basa Sunda,
urang tiasa ngareformasi, sanes wae pamikiran para
panitia anu masih aya di jaman "kuda ngagegel beusi",
tapi insya Allah tiasa ngalestarikeun basa sareng
budaya Sunda. Kuring yakin jaman anu rek kasorang,
urang Sunda upami bade diajar budaya sareng basa
sunda, bakal ngalieuk ka "Wikipedia edisi Sunda".
baktos,
mrachmatrawyani
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Oman,
> Lain ari ceuk kuring mah, asa kabina-bina teuing
> kangaranan kongres di jaman kiwari, nepi teu katepi
> ku dunya IT. Mangsa kiwari dunya IT geus nepi kana
> babak "pervasive and ubiquitous computing". Mangsa
> dimana dunya IT geus bisa dipake ku saha wae, dimana
> wae, iraha wae, jeung make naon wae. Padahal Bandung
> teh salah sahiji puseur IT pikeun Indonesia mah, eta
> bau-bau IT nepi teu kaambeu ku para inohong Sunda.
>
> Naha perkara Basa Sunda teh cukup digugulung ku
> seniman, sastrawan jeung budayawan hungkul kitu?
> Naha teu perlu urun rembuk jeung para saintis
> sejenna, jiga tukang matematik, tukang IT, jeung
> tukang insinyur misalna. Ceuk beja Noam Chomsky anu
> sok jadi rujukan ahli basa, nepi ka merlukeun diajar
> matematik pikeun ngadadarkeun teorina. Naha teu
> perlu KUBS (Kamus Umum Basa Sunda) di-update, unggal
> usik lahir ratusan kecap-kecap anyar nu tacan kungsi
> aya dina KUBS. Naha teu dianggap perlu KUBS dijieun
> kamus elektronik misalna? Naha teu dianggap perlu
> migunakeun IT pikeun pangajaran basa Sunda misalna.
>
> Salam,
> MH
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new Resources site
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Has someone you know been affected by illness or disease?
Network for Good is THE place to support health awareness efforts!
http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/