Baraya,
 
Aya iber ti Kang Nanang, wartawan tabloid "Galura", yen dina poe Saptu, 28 Mei 2004 masyarakat wewengkon Gambung, Kacamatan Ciwidey, Kab. Bandung arek ngayakeun upacara taunan "Ngaruwat Huluwotan". Lamun seug aya ti dulur-dulur anu bisa ngaluuhan eta acara bari terus ngaabadikeun (motoan, komo nyieun video-na mah leuwih alus) keur dokumentasi. Hanjakal si kuring poe eta teh geus jangji ngaluuhan acara wisuda di Itenas anu orasi ilmiahna dina eta acara bade didugikeun ku Abah Surya ngeunaan tafsir anyar legenda Dayang Sumbi jeung Sangkuriang (tafsir nyoko kana "medan makna" tea). 
 
Kabeneran, Yayasan Sawalabumi (atawa milist-milist kasundaan oge upama aya anu minat mah) anu karek diborojolkeun geus diaku atawa meunang pangulem pikeun presentasi makalah dina "The Second Southeast Asia Water Forum (The 2nd SAWF) di Nusa Dua-Bali, 29 Agustus - 3 Juni 2005 (deadline abstrak makalah didagoan nepi ka akhir Mei 2005). Eta momen teh kacida tegepna pikeun dibewarakeun di eta forum. FYI (naon teh MJ singketan sundana FYI?), salah sahiji udagan atawa puseur perhatian eta forum teh nyaeta "share" informasi ngeunaan budaya lokal anu pakait jeung mulasara sumber daya cai. Lamun seug aya ti dulur-dulur US anu bisa ngaluuhan eta acara bari terus ngaabadikeun (motoan, komo nyieun video-na mah leuwih alus) keur dokumentasi.
 
Upacara adat huluwotan teh upacara mulasara hulu cai tea. Ieu upacara teu kudu dikait-kaitkeun jeung -atawa dituduh - kamusyrikan/musyrik. Oge lain upacara klenik, mistis, atawa magic. Sabab, kayakinan ka Pangeran mah aya dina hate sewang-sewangan, jeung kayakinan manusa mah gumantung pangaweruhna, sarta Pangeran mah moal ngabalitungkeun hukuman kajaba kana amal anu geus kacangking pangaweruhna dumasar kayakinana.
 
Keur netelakeun hal anu bieu diebrehkeun di luhur, muga kaijinkeun si kuring ngariwayatkeun hiji hadist anu nyaritakeun kajadian jaman Nabi Musa as. Eusining eta riwayat bil makna kurang leuwih kieu: "Kacaritakeun aya hiji budak angon ummat nabi Musa as keur ngado'a. Unina do'a eta budak angon teh kira-kira kieu :"Nun Gusti, mugi Anjeun kersa nepangkeun abdi sareng Anjeun, engke samangsa-mangsa abdi tepang sareng Anjeun, abdi bade mangnyisirankeun rambut Anjeun sareng mangmeresihankeun anggoan sareng sapatu Anjeun". Barang eta do'a kadangu ku Nabi Musa as, anjeunna (Nabi Musa as) kalintang benduna tur harita oge nyarekan jeung newak eta budak angon arek dihukuman, sabab dianggap geus campalak ka Pangeran. Namung, teu lila turun wahyu ka Nabi Musa as anu ngageuing kana sikep Nabi Musa as sarta netelakeun yen Pangeran nampi kana do'a eta budak angon jeung inyana teu kudu dicampalak/ dihukuman, sabab eta do'a teh do'a anu clik putih-clak herang kaluar tina ati sanubarina, anapon naon anu kedal tina lisanna taya lian kusabab karek nepi ka dinya pangaweruhna ngeunaan Pangeranna.
 
Komo deui ieu miara huluwotan, sumber cai anu mawa manfaat ka balarea. Anapon anu dilakukeun ku masyarakat nya memang pakait jeung kasadaran kolektif aranjeunna anu perlu waktu keur ngabebenahna-upama tea mah perlu dibebenah dumasar kayakinan agama (formal).
 
Sakapeung sok mikir, ditimbang taraju jeung dibandingkeun jeung hukum positif (UU, pangaturan sejenna), aturan adat sarupa upacara huluwotan boa-boa leuwih efektip dina nyalindungan jeung miara alam teh. Ku ayana tatali paranti karuhun, geuningan urang ayeuna masih keneh bisa dumuk dina taneuhna, tuang hasilna, jeung ngaleueut caina tina sarakan warisan sepuh-sepuh kapungkur. Ayeuna deui kabuktian, UU ngeunaan Sumber Daya Air teh masih keneh loba anu ngalawan, demo sangkan dibatalkeun, khususna lebah pasal-pasal anu mere lolongkrang gede pikeun swastanisasi ngusahakeun cai. Adat atawa budaya saperti upacara huluwotan cai kalawan rerencapan baris jadi hiji panghalang anu bedas kacida dina ngahulag privatisasi ngusahakeun panyumponan keprluan cai anu tangtu baris nyangsarakeun rahayat anu teu mampu.
 
Lamun seug aya ti dulur-dulur US anu bisa ngaluuhan eta acara bari ngaabadikeun (motoan, komo nyieun video-na mah leuwih alus), keur dokumentasi.
 
Baktosna,
manAR
(NB: hapunten, dina postingan di luhur aya kalimah anu diulang-ulang, pamugi surti bae).
 
 
 
 
 
 
 
  


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke