Hehe, ari kitu UNPAD teh lebah manah atuh "Padjadjaran"-na mpup? Salian ti UNPAD jeung UPI, ari di UNPAS naha aya jurusan sastra Sunda Mpup?
Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MH,
Nu matak aya jurusan sunda (nu tadina jur Indonesia), aya mahasiswa
anu ngadamel skripsi panganteurna nganggo bs sunda. Kulantaran kitu,
nya diadegkeun jurusan sunda (kirang langkung taun 1960-an).. Tapi,
ayeuna mah sanaos jurusan sunda, jurusan inggris, indonesia, jerman,
rusia, jepang, mandarin, jeung jurusan sejarah di fakultas sastra
unpad, nulis skripsi teh ku bs indonesia (panganteurna).. benten
deui sareng di UPI, ari di UPI (IKIP tea) mah, jurusan sunda
panganteurna nganggo basa sunda, jurusan inggris nganggo basa
inggris, kitu deui jurusan-jurusan bahasa sanesna. Ari abdi kadang2
dipoyok ku si Teteh (pun lanceuk) nu kuliah S1+S2na di jurusan
inggris UPI, dipoyok pedah ongkoh kuliah di sastra sunda, bari
panganteur skripsina make basa indonesia.. nya ari geus kumaha atuh,
da geus kudu kitu ti kampusna.. mun tea mah, meunang make basa
panganteur basa sunda, kajeun ku basa sunda, da jujur abi mah kurang
tiasa nulis ku basa indonesia, komo bahasa keur skripsi mah..
mentokna didinya!.. heuheu
~ipup~
--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya,
> Cing sugan aya bongbolongan ari basa Sunda naha geus jadi basa
akademis? Maksud teh jadi bahasa panganteur pikeun kuliah,
panalungtikan, skipri, tesis, desertasi jeung sajabana. Minimal di
Jurusan Basa Sunda paguron luhur.
>
> Pikeun motivasi, kuring meunang beja anu bisa dijadikeun conto
pikeun babandingan. Aya saurang mahasiswa asal Rusia milih widang
sastra Melayu. Pikeun ngarengsekeun sakola jeung pananlungtikan
tugas akhirna, eta mahasiswa embung make basa Inggris, tapi make
basa jeung aksara Malayu (aksara pegon tea).
>
> Conto sejenna, aya hiji paguron luhur di tatangga anu tugasna
pikeun mulasara basa Malayu. Kulantaran kitu, basa panganteur
utamana pikeun hasil panalungtikan wajib migunakeun basa Malayu.
Salian ti eta, perkara ieu basa ditangtayungan ku undang-undang.
>
> Tah, ari di urang laporan tugas ahir mahasiswa sastra Sunda naha
make basa Sunda atawa basa Indonesia? Cing sugan aya informasina.
Lamun tacan nepi ka jiga conto di luhur, jigana salah sahiji garapan
nu payus dipikiran teh masalah eta, masalah basa Sunda pikeun bahasa
akademis.
>
> Salam,
> MH
>
>
>
> =====
> Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

