Bah Willy, kuring kungsi ngalaman naek kareta Bandung - Jakarta, duka lebah mana asana sekitar Purwakarta, na daeta mah aya budak petot-petot acan, ana belewer teh maledog kareta nu keur mengpeng. Jiga ieu kalakuan teh kurang dipalire di urang mah. Dianggap enteng pisan. Upama ninggal di tatangga mah, tong boro jiga kitu, dalah capek rahem oge dina jero kareta bisa didenda. Lebah dieu jigana lumpatna teh kana aturan atawa undang-undang. Naha di urang geus aya undang-undang nu ngatur masalah ieu. Baheula keur dumuk di Depok, unggal isuk budaak sakola reuteum di luhureun kareta. Malah kadang-kadang aya nu jogol sagala jiga dina film.
 
Salam,
MH 

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rada ngauhuleng nguping wartos yen tabrakan kareta Api Batu bara
jeung KA panumpang di Bandar Lampung, disababkeun  ku barudak rumaja
iseng, nu nyomplokeun sambungan gerbong kareta api batubara, nepi ka
gerbong nu coplok ditabrak ku kareta panumpang. Akibatna lima urang
maot jeung rusakna kareta api. Kacida heureuy teh kabina-bina
teuing. Geus sababaraha kajadian nu ngabahayakeun dilakukeun ku
kalakuan iseng ieu. KA dibaledog, tepi ka aya panumpang tatu-parna,
malah aya nu dugi ka socana pareum. Di jalan tol, ngalungkeun batu
di jembatan penyebrangan, atuh mobil nu katinggang teh cilaka, malah
aya nu dugi ka maotna. Kunaoan barudak teh jaradi kararitu nya?
kurang didikan kitu?  Cik kudu kamaha tah baraya? kurikulum sakola
kudu diganti kitu?

Baktos,
WALUYA





Nyuhungkeun dihapunten bisi istilahna lepat, maklum loba teuing
istilah, jadi teu apal.




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke