Akibat reformasi KABABLASAN. Rarasaan teh samemeh reformasi tara kacaritakeun nu kararitu patut teh. Ayeuna mah ngagawean naon bae oge disalahkeun. Contona tadi wengi, di angkot, basa mulang ti padamelan, aya salah saurang nu nyebutkeun SBY da ti partey leutik jadi kurang tegas, eleh ku JK terlalu berkuasa. Ceuk kuring teh : "kumaha mun Amin Rais, pan tegas + jujur." Dijawab ku manehna pokna teh : "Ah sarua bae teu bener, ngan ukur hayang kakawasaanna bae, buktina ayeuna hayang jadi deui Katua Umum PP Muhammadiyah." Ceuk kuring : "Euh lamun kitu mah PKS nu alus, da asana jalujur pisan." Dijawab deui : "Sarua teu bener geus jadi Ketua MPR mah, geuning teu wani nolak naekna BBM." Kuring kaburu turun, bari nyarita di jero hate, ari kitu mah euweuh nu bener, bari jeung teu bisa mere bongbolongan kumaha anu benerna. Beu hirup teh ngan ukur bisa nyalahkeun batur.
Wassalam Jaka --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Duka tah Kang MH, aya henteu UU /aturan nu ngatur nu > kararieu teh. > Ngan nu jelas ma vandalisme di urang teh geus kacida > teuing ( > eh ...leres henteu kitu istilahna vandalisme, > ngarusak kapentingan > umum). Di Kalsel apan kantos, tiang listrik tegangan > tinggi diragaji > diala beusina, terus dijual ngan 150.000 rebu > perakeun, tapi akibatna > listrik pareum dimana-mana. Geus puguh ari telepon > umum jeung pot > kembang di trotoar mah wah ...eta mah teu kaur aya. > Lamun teu digubug > nya dipeupeuskeun. > > Jigana bangsa urang teh, kurang didikan dina etika > kapentingan umum > teh, jigana kudu diajar heula ka bangsa asing > ....hehehehe, da cenah > baheula mah jaman walanda, teu aya kalakuan nu > kararitu teh. Duka > lamun jaman baheula mah pedah sieun wungkul. > > Baktos, > WALUYA > > --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > Bah Willy, kuring kungsi ngalaman naek kareta > Bandung - Jakarta, > duka lebah mana asana sekitar Purwakarta, na daeta > mah aya budak petot- > petot acan, ana belewer teh maledog kareta nu keur > mengpeng. Jiga ieu > kalakuan teh kurang dipalire di urang mah. Dianggap > enteng pisan. > Upama ninggal di tatangga mah, tong boro jiga kitu, > dalah > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor > --------------------~--> > Has someone you know been affected by illness or > disease? > Network for Good is THE place to support health > awareness efforts! > http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM > --------------------------------------------------------------------~-> > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > [EMAIL PROTECTED] > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> In low income neighborhoods, 84% do not own computers. At Network for Good, help bridge the Digital Divide! http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

