Assalaamu'alaikum wr. wb.
Haturan ka sadayana US
Ayeuna teh aya dulur urang anu keur berjoang dina widang seni ngabojeg/bobodoran (lawak), anu diayakeun ku Stasion tv swasta nyaeta TPI. dina acarana API (Audisi Pelawak TPI), disiarkeun langsung tiap poe Minggu ti jam 19.00 wib tepi ka rengse. Anu ngaranna eta grup pelawak teh nyaeta S.O.S (lain singgetan tina Save Our Soul ieu mah) ti Majalengka (mun teu salah mah), malahan ayeuna teh geus nepi ka babak gren pinal, ngarebutkeun juara 1, 2 jeung 3 lumayan tah hadiahna oge, juara ka hiji teh 125 juta, 100 juta, jeung 75 juta.
Tah kukituna, urang dukung ku kabeh urang sunda anu aya di sakuliah dunya, sugan jeung sugan bisa hasil sarta bisa ngarojong kana ningkatkeun citra urang sunda, peupeuriheun atuh urang sunda teh teu aya anu jadi luluhung nagara, jadi pelawak-pelawak atuh, sakurang-kurangna mah atuh itung-itung ngaganti grup de Bodor sareng D' Kabayan.
Kumaha atuh carana? (kanu can apal), ah gampang pisan, kirim we via sms (kitu oge kanu baroga HP kanu can boga ulah maksakeun nginjeum ka tatangga, bisi jadi omong) ketik : API <spasi> SOS, keur grup pavorit, ketik : PAP <spasi> SULE, keur pamaen pavorit. Kirimkeun we ka 6288 samemeh acarana (rengse) kira-kira jam 07.30 wib, Rp. 2000,-/sms. Mirah pan, etang-etang jajan cendol bahe we lah, he.. he.. heh..
Cag ah, wilujeng ngadukung bae, mudah-mudahan berhasil. Salam baktos ka Bp Bupati Majalengka anu parantos kersa ngadukung langsung ka Jakarta, haturan ka sadayana urang Majalengka. Bral,...baraya.
Salam,
Hendi R./Soreang
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

